Tampilkan postingan dengan label CATATAN KURING. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label CATATAN KURING. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 20 Mei 2023

LEUNGITNA BUANA PANCA TENGAH DITANEUH SUNDA

0 komentar

 

============================================================
Baheula sa'acana Gunung Krakatau bitu, Karajaan Taruma mangrupa hiji kamaharajaan Badag nu kiwari tempatna di daerah CHANDRABAGA (bekasi) kiwari...
Burakna Karajaan Taruma nyatana ku Obah na Alam (G.Karatau bitu) ditaun 535 M. Waktu Raja na Chandrawarman.
KARAKATUA > G. KRAKATAU Baheulana disebat Gunung Sunda.
Buana panca tengah (laut jawa) tempat ramena kahirupan waktu harita Kakeu'eum ku cai laut Kidul nuasup ka celah Selat Sunda balukar bituna Gunung Krakatau.
Muhun da tadinamah ti kaler teu aya laut.. kalimantan (Borneo) sareng Pulo jawa ngahiji pon kitu deui Sumatera.
Dina taun 535 M bitu G. krakatau nu ngakibatkeun sunami badag waktu harita, ieu musibah ngabalukarkeun misahna Nusantara jadi 17.504 Pulo. Buanapanca tengah kakeu'eum waktu harita jerona nyampè ka 30 meter nu kiwari Jadi Laut Jawa.
Jadi mun ngababad sajarah tiawit taun 535 M nepi ka taun 1 M, nga'ilustrasikeuna kepulauan Nusantara ulah kawas kiwari anu geus hancur paburiak jadi pulo-pulo leutik pasti engkèna moal nyambung caritana.

Minangka pakem keur sakabeh nu resep kana wawasan Sejarah Nuhsantara.

Carita kacatur deui basa di Maharajaan ku Maharaja Suryawarman dina taun 535 - 561 M, Raja Taruma Anu mindahkeun Karaton ka Daerah Kutatandingan/ Parakansapi (Karawang-Purwakarta) nu Kiwari geus jadi Waduk Jatiluhur (baheula kaasup wewengkon Pakuwan-Pajajaran).
Sabab karajaan Taruma nu tadina di Nusa Sanghyang (Banten) geus ruksak ku Syunami.
Karajaan Badag nu lahir ti awit taun 350 M bubar di taun 669 M (kabagi jadi dua Sunda jeung Galuh), Sunda di Rajaan ku Maha-Parabu Tarusbawa, Galuh Ku Maha-Resi Writekendayun... laju bisa dihijikeun deui di abad ka 7 ku Rakyan Sanjaya (Harisdarma) nu dingarana Karajaan Medang Kamulyaan (Mataram kuno).




Cag..
Read more

Minggu, 06 November 2016

<<<<< WARUGA KURING >>>>>

0 komentar
Rekam jejak Waruga Kuring...
- pernah ngalaman boga kulit Hideung
- pernah ngalaman boga kulit Koneng

- pernah ngalaman boga kulit Bodas
- pernah ngalaman boga kulit beureum...


Pernah katemperan ....
- Sato
- tatangkalan


Pernah kaseundeuhan ku ...
- Ririwa
- Bagsa Yaksa (buta raksasa)
- Jin
- Malaikat

Ayeuna sakabeh geus nga-Jirim waruga Kuring... 
ieu wadah kuring Kiwari... 
wadah kiwari nu bakal nganteur Kuring kanu jadi kahirupan Asal
wadah kiwari nu bakal nyaksi jeung ngadaulat jaga ka Kuring
Wadah kiwari nu ngabentuk kuring milih jadi Jalma atawa Manusa

Sabab Wadah kiwari nu terus panjang lalakon di ieu alam Fana
Sabab Wadah kiwari nu bakal balik ka asal jirim na
Sabab Wadah kiwari nyimpen Rekaman-rekaman Asal-na
Sabab Wadah kiwari nu terus aya tug nepi Alam Dunya perlaya

Mugia Waruga kuring kiwari kersa maturan kuring salawasna di alam Jaga...




Kuring nu nga_ RA SA
Read more

Sabtu, 05 November 2016

SITUMANG-DAHYANGSUMBI

0 komentar
Mun nyawang tina nyèrèlèkna waktu katukang, taneuh Nuh-Santara geus ngalaman babaraha kali bongkar-pasang (Sang-Kala)
1. ........ 1 Masehi (Aki Tirem- Pang-Hulu)
2. 1 s/d 300 Masehi (Salakanagara) = 300 taun lilana
3. 300-600 Masehi (Tarum_nagara) = 300 taun lilana
4. 500-700 Masehi (Sunda-Galuh) Misah = 200 taun lilana
5. 700-800 Masehi (ngahiji deui teureuh Sunda/Wangsa Sanjaya)
6. 800-1300 Masehi (ngawasa'an Wangsa BraWijaya, R.Wijaya/ Majapahit) =500 taun lilana
7. 1300-1579 Masehi (Pajajaran,) 280 taun lilana.
===============================================================================
ti tahap ieu Katurunan Nuh-Santara (SundaLand) kakawasaana geus direbut, diputer sajarah-na, di adu-dombakeun katurunanana, dipaokan hartana, dibanjutan kitab-kitab sajarah karuhun'na,
8. 1579 - 1942 Masehi hampir 400 taun urang di gunasika, sagala harta jeung banda Nuh-Santara dipake modal perang dunia, awit perang Dunya ka I s/d perang dunya ka II (1945 M), kabayang sakumaha ngaganggayongna ieu turunan SUNDA.....
9. 1942 - 1945 (aya nu ngaku dulur kolot ka Sunda, nu datangna di bangsa nu nyembah Sun-da/ Jepang).
10. 1945 - 1949 Masehi (Wa-landa hayang deui kawin jeung bangsa Sun-da tapi Bangsa Sunda Geus embung Rujuk)
11. 1949 - sampe kiwari... 2016 Masehi Bangsa Sunda Masih neangan Jati-Diri (Amnesia)
12. 2016.... keur ngumpulkeun ingetan... (Can cageur tina Amnesia_na)..
Mugia Taneuh Sunda sing geura di cageurkeun, sing Inget deui ka Purwa-Daksina... balik deui ka Sang Saka (beureum jeung Bodas)
beureum : (simbol na Cahaya =dihurupkeun : RA, dipakakaskeun ku Kujang)
Bodas ; (Simbolna Cai, dihurupkeun=Naga, dipapakaskeun Keris)
konsep kanagara'an SI-TU-MA-NG (Resi-Ratu-Rama+ Hyang)
nu mikacinta ka DA-HYANG-SU-MBI (Da=Agung, Hyang=hyang tunggal, Su=baik/bener Mbi= Ambu/Bumi/taneuh).
jadi balik ka konsep SITUMANG-DAHYANGSUMBI (nyaeta hiji konsep kanagaraan nu tersetruktur dari Rakyat dipimpin oleh Ratu nu geus dibere berkah ku Rama (kokolot) jeung geus direstuan ku doa RESI (Tokoh A-gama) bari terus ngajaga sarta ngarawat Alam, lain malah ngaruksak Alam.
Read more

Jumat, 21 Oktober 2016

HAL-PATIKAH-AN

0 komentar
Karuhun baheula ari ngucapkeun AL-FATIHAH teh sok HAL PATIKAH, tapi ari maksudna mah teu beda cara urang ayeuna bae, nya eta nyebut (muji) Asmana Pangeran anu ngagaduhan sipat welas jeung asih, ari pangna nyeubut kitu teh karuhun mah “ enya enggeus nyahona, yen Pangeran anu ngagaduhan sifat welas jeung asih nya eta bukti ka’ayaan dunya katut pangeusina anu salawasna dilahirmah dipikabutuh ku sakabeh mahluk keur kaperluan dirina, tah eta kamurahanana.
 
Ari anu awisna, anu teu beunang dijiga-jiga teu beunang di tunjuk ku curuk, teu beunang dicaritakeun, bukti ayana ku wujudna, saperti pangawasa, pangersa, elmu, hirup, rungu, tingali jeung ngandikaNa teu ngawujud, di badan ( kamurahanana ) …………. Sanajan ieu katerangan sakieu saeutikna, meureun urang moal arek mungkir deui yen eta teh wujud ; sarta lamun ku urang di absent hiji-hijina dina badan urang bakal ngajawab, yen enya wujud ayana, saperti ;
 
NU KAWASA ? …………… Aya ! da lamun euweh nu kawasa mah kajeun boga awak sagede munding oge, moal bisa nangtung-nangtung acan. NU KERSA ? ……………… Aya ! da lamun euweuh anu KERSA urang teh moal usik-usik acan. NU HIRUP ? ………………. Aya ! da lain golek, teu kudu di hirupkeun ku Batur ! NU NGARUNGU ………… Aya ! teu kudu make denge batur. NU NINGALI ………………Aya ! teu kudu make awas batur. NU NGANDIKA ………….. Aya ! teu kudu make ucap batur, sabab lamun sagala kumaha batur, kumaha kuring?.
 
Ieu kabeh netepkeun sadaya puji ka pangeran dina wujud jeung ayana BISMILLAHI nu awisna = Wujud ROCHMAN-ROCHIM kamurahanana = Aya (wujud aya, awis mirah ti Anjeun Na) Anu mantak aya Tikah, nya asal tina Tepung wujud cinta pada cinta di dunya (dunya aya) nu di tepungkeun kunu Maha Mulya. Contona ; Moal Kanjeung Nabi Adam tepung sareng babu hawa upama teu lahiran teu batinan, jeung silih pikawelas-silih pikaasihna ( Sir – pada – Sir ).
 
Jaman Kanjeung Nabi Adam jeung Babu Hawa geus putraan, nepangkeun putrana nu pameget kanu istri, eta kudu kasaksi heula ku ibu ramana, sarta kudu di-didik kumaha jalan-na cinta (lain bogoh wae) sarta sing nyaho kanu kawasa dina diri-na, nu asal ti Nu Maha Mulya.
“Perjangjian di hareupeun indung bapa”
 
Sanggeus alam dunya loba eusina, ku ayana gundukan-gundukan (kaum-kaum) nya kudu nikah di kaum, sangkan ka saksen ku kaumna, netepan adat ka kaumna (bangsana).
Rukuna:
1. Panganten lalaki 2. Panganten awewe, teugesna nu dianti-anti (pangantian) sangkan panganten salamet salawasna. 3. Ijab - Kabul, waktu maranehna tepung mimiti ; waktu hareupeun kolotna sarta geus jarangji rek silih pikanyaah. 4. Wali nya kolotna pisan pikeun ngawalian carana anu kawasa ka anak dina waktu harita. Alam dunya ayeuna geus diatur ku Ratu (wawakil Pangeran di dunya) sangkan mulus rahayu berkah salamet nagara katut pangesina, panganten, babaku panganten lalaki kudu jangji ka nagara ku neken (tanda tangan) dina surat kawin, nu maksudna supaya salamet ka nu di salametkeun katut nyalametkeunnana.
 
Tah kitu bae HAL PATIKAH mah. BISMILLAH = SAGA PUJI KANGGE Pangeran, kabeh geus wujud ayana nyata ka – awisanana. RACHMAN-RACHIM = ieu dunya katut pangeusina, kabeh anu di ayakeun, nyata kamurahanana.
Read more

Senin, 17 Oktober 2016

PARA HYANG AN

0 komentar
Teureuh Sunda
Kecap “Parahyangan” nu salajengna di sebut “Priangan” nusering diartikeun nunjukeun tempat atawa padumukan, sabab mun ku urang di cukcruk make bahasa “Sang Saka Kerta” (Sangsekerta) nu ditulis ku aksara “Palawa” Kecap “Parahyangan” ngandung harti saperti :
“Pa” artina nyaeta Tempat, jeung “Ra” nyaeta “Cahaya” jadi kecap “Hyang” ngandung harti “Pamingpin nu Agung”. Lamun diartikeun cara bebas “Pa-Ra-Hyang “ nyaeta tempat-Cahaya-Pamingpin Nu Agung” atawa tempat pamingpin Nu Agung Cahayana”.


Kecap “Para” didieu teu ngandung harti Jamak, misalna dina kalimat “Para hadirin, Para pamiarsa, jst.   Kecap “Para” umumna digunakeun jeung nunjukeun patempatan nu Agung atawa Luhur bisa oge Langit-langit ( Para= Langit, tingali dikalimat para atawa langit-langit nu mernahna di handapeun wuwungan nu artina Suwung atanapi Kosong).  Nu ngalantarankeun kecap “Parahyangan” leungiteun arti atawa makna nalika ditulis dirundayan kalimat atawa bentuk kecap “Para-Hiang-an” lejeung disingkat “Priangan”.

Pa-Ra-Hyang-an dimaksud lain nunjukeun tempat atawa kota Bandung sabudereunana, tapi khususna jeung wewengkon tempat dumadina "Salaka Domas" jeung "Salaka Nagara", tepatna di wewengkon Gunung Agung (Gunung Tangkuban Parahu), kukituna urang ngenal daerah “Lamba Hyang atawa "Lembah Hyang" atawa "Lembang” (kiwari).   Tempat eta pisan jadi musabab gubragna konsep Kebangsaan jeung ketatanagaraan di sakabeh dunya, nu dimimitian ku "Sang Hyang Watu Gunung"  "Ratu Agung Manik Maya" nu gaduh Misi “ Mula Sarwa Stiwa Dani Kaya” (nu perenahna di Gunung Batu daerah Buka Nagara/ Mula Nagara, Lembang).  Nu saterusna dilanjutkeun ku Maha Raja Resi "Prabu Shindu-La-Hyang" (Sang Hyang Tambleg meneng) nu ngawangun padepokan "Jambu Dwipa", nu engkena konsep ieu dilanjutkeun ku Da-Hyang Su-Umbi (Galuh Kandiawati) jeung Jaya Singawarman atawa Si Tumang (Resi Taruma-Hyang), nu ngadeugkeun Tarumanagara. 

Pernikahan antara Da-Hyang Su-Umbi jeung Taruma-Hyang ngalahirkeun Panca Putra Dewa (Pandawa Putra) Nu nyandak misi Ajaran Dwipa (Dwipayana) nya jadi ngadeg  Jawa-dwipa, Swarna-dwipa, Simhala-dwipa, Waruna-dwipa, jst. Nu terusna ka India.

Anapon Pandawa Putra eta dikenal oge "Pancakusika" diantarana : 
1. Pangeran Nandiswara (Sang Guru/Kuru Hyang = Sangkuryang = Ganesha = Sri Bima Sakti)
2. Pangeran Gargha
3. Pangeran Purusha
4. Putri Maestri
5. Pangeran Puntajala Hyang (Dapunta Hyang/Gn. Puntang)

*Gunung* = Guru nu Agung, eta musabab keur urang Sunda, gunung teh ngagaduhan makna/ arti nu kalintang penting jeung ngagaduhan makna husus.  "Hu" tina kecap "Parahu” = Pa-Ra-Hu"  nu maknana  Gusti/ Tuhan, saperti anu digunakeun ku bangsa Arab (Yaa Hu), atawa seperti kecap "Ra" nu digunakeun ku urang Mesir (Rahayat Mesir akrab jeung ngagunakeun gambar “Dewa Panonpoe”teh minangka Dewa “Ra”  jeung Dewa “Anubis” make hulu anjing.

Musnahna paham urang  Sunda ka bahasa Salaka Domas jeung  Salaka Nagara kira-kira bareng jeung diberekeuna  istilah "Sang Saka Kerta" ka Bangsa India (versi sejarah Barat).  Urang Eropa nyebutna nyaeta "Sanscrit", sedengkeun Urang Melayu nyebutna nyaeta "Sansekerta". 

Atuh patung Sidharta Gautama di candi Borobudur oge teu berarti Sang Budha eta Urang Indonesia?.  Titenan kumaha elmuwan luar ngaganti kecap "Kong Hu Tzu" jadi "Confucius". Nyata, kitu deui kecap ‘HU’ jeung RA atawa SANG SAKA KERTA.

naon dasarna urang sunda kudu tunduk kana catatan sajarah nudi tulis ku bangsa eropa? sajujurna maranehanana teu nyarahoeun sama sakali asal muasal Urang Sunda Besar jeung Sunda Kecil, mun ge pareng aya anu ngarti diantarana eta geus katemperan ku politik 3G- "Gold, Gospel and Glory".
Read more

Jumat, 02 September 2016

KAJADIAN MA NU SA

0 komentar
Dawuhan Allah:

“Ma asolakum min hasanati faminallah. Wa maa asolakum min syayiatin famin nafsik”

Geus kacaturkeun yén Adam nyaré’atna ku dosa, boga angkeuhan “ieu aing bisa ngajadikeun”, malah disebutna ogé ABUL BASYAR. Kitu deui Hawa, kénging lalandian jadi UMUL BASYAR. Henteu di angen-angen, yén loba pagawéan anu gampang tapi teu jadi buah kajembaran. Geuning ayeuna ogé loba pisan anu pupunjung-pupuja hayang boga anak tapi henteu baé. Malah anu jadi téa mah anu henteu dimaksud-maksud acan, kadang kala nu dipigawéna, dijero lali.

Di dieu nétélakeun, yén Adam aya nu ngawengku: “KU PERBAWA KAWI”. Yakin deui, yén Sir-na buktina ku boga hayang tadi. Henteu kuat, sabab kalapud ku dosa, jadi nyaréat, boga kurungan badag.
Kusabab Adam nekanan dosa, tuluy nyaréat, katibanan hukum, jadi kakuatanana ngajadikeun ogé kudu nyaréat – hartina kudu ikhtiar akal tarékat, nyatana ku pagawéan anu lumrah.

Tadi geus dibabarkeun yén bangsa nu badag mah asalna tina af’al, nyaéta tina sipat pagawéan. Jadi sagala rupa karepna ogé kdu ku af’al, atawa pagawéan anu af’alna dimimitian ku lapad: Bismillahir rahmanirr rahiim.  Ieu ucapan anu ngalakonan nyaréat, rumasa yén Adam-na mah teu daya teu upaya. Anging kudu dibarengan ku kakuatan jeung perbawa ajali. Malah ku para wali mah ieu dalil Bismillah téh keur tambahan ku kekecapan anu kieu unina:

“Bisroh kot, malrohkot,
Alloh Anu misrikot,
Roh anu asup kana jirim,
Rahim anu manjing kana Roh,
Roh sapatemu ning Dat Alloh”.

Dawuhan Allah:

"Mangkana manusa kudu nangenan tina naon manéhanana dijieun. Manéhna diciptakeun tina cai nu dipancerkeun, anu kaluar tina antara tulang cangkéng lalaki jeung tulang iga awéwé." (QS. ATh Thaariq, 86:5-7)

Nu kaunggel dina kitab Ikhbadul Ibad dicarioskeun: Allah swt. Badé midamel manusa pameget istri, teras nyampur nuturkeun hukumna sareng dibantu ku hikmatna. Cimani  anu murag tina Sulbi pameget kana rahim istri, engké di dinya tepung binih sareng binih. Ari dina cimani nu bijil ti lalaki téa aya mangrebu-rebu bibit pimanusaeun. Lembutna lir ibarat rambut dibeulah opat. Wujudna panjang siga cacing keremi anu obahna ngageleper, yakin ieu geus kaeusian ku Hayat.

Menggah dina cai mani istri éta binih téh baruleud lonjong siga endog. Nya kitu deui lembut leuwih ti lembut. Tapi henteu motah saperti binih ti pameget; ieu mah ngan ukur ngagulusur, ayem baé.
Kusabab binih di mani gerakna ngageter, tabé’atna obah ngageleper tur tarik dipancerkeunana. Éta binih-binih téh ngarayap ka jero pianakan istri, néangan pilwaneunana anu geus aaya salebet éta pianakan. Ieu dua binih kamanusaan henteu jadi ku sagawayah tepung. Sabab dina endog binih di istri téh aya hiji cungap. Upama amprokna henteu milebahan éta cungap téa, sama sakali moal bisa aya kajadian.

Kusabab kitu tina éta binih anu mangrebu-rebu téa geus kasebat mulus lamun aya hiji baé anu bener amprokna. Ari kajadian éta binih pimanusaeun téh, henteu béda ti kaayaan endog sasatoan, Upama dicuculan cangkangna anu teuas jeung lamadna, tinggal bobodasna ngalampudan beubeureumna. Beubeureumna dina endog téa, éta mata holang dina endog bibit manusa. Tapi di dieu mah henteu biga pulas beureum, hideung, konéng, héjo, estu hérang anu ngagenclang baé.

Sabada binih ti pameget nyeceb kana endog ti istri sajeroning pianakan, terus éta mata holang binih ti istri téa nyeuseup binih ti pameget dongkap ka ambles kabéh, terus ngaduk jadi hiji. Ti dieu datang perbawa éta binih, bisa mencar-mencarkeun sel jadi mangjuta-juta sajeroning kurunganana; nepi ka opat puluh poé lilana éta ‘adonan’ henteu eureun-eureun mencarkeun jeung henteu béda wujudna tina anu hérang téa. Katelahna eta wujud “zutfah”.

Terus éta zutfah jadi getih kentel, lilana opat puluh poé deui. Jeung henteu petot-petot mencarkeun kakuatan. Waktu jadi getih kentel ngaranna “Alakah”nu  geus mawa Piirungeun, Pipanoneun jeung Pilambeyeun.

Opat puluh poé jadi gentih kentel, nya terus jadi daging sarta asmana salin jadi ‘MUTFAH”. Nya bijil ceuli jeung liangna; malah nu ngaliputan jadi kulit. Mata holang anu asal tadi jadi Jajantung jeung nampa geteran aether; terus digawé nyeuseup lir kompa. Jadi ieu ngompa getih sina nyaliara ka sakuliah buleudanana. Dawuhan Allah:

"Jeung satemenna Kami geus nyiptakeun manusa tina saripati (asalna) tina taneuh. Tuluy Kami jadikeun saripati éta cai mani (anu disimpen) di jero tempat anu tohaga (rahim). Tuluy cai mani éta Kami jadikeun getih kentel, terus getih kentel ieu Kami jadikeun sagundukan daging, jeung sagundukan daging ieu Kami jadikeun tulang-taléng, tuluy tulang-taléng ieu Kami bungkus ku daging. Tuluy Kami jadikeun manéhna mahluk anu (wujudna) séjén. Mangka Maha Suci Allah, Nu Nyipta Nu Paling Hadé." (QA Al Muminuun 23 : 12-14)

Ayeuna éta pimanusaeun téh kudu barang dahar, henteu cara tadi éstu hirup ku Hayat wungkul. Ari jalanna kadahareun téa ngaliwatan tali ari-ari anu nyambungkeun udelna kana Bali, minangka akar rapet nyeuseup kana dingding pianakan biangna. Sabab kadaharanana ka éta pamanusaeun téh dianteurken ku getih biangna mapay tali ari-ari.

Saterusna éta bayi tulangan, uratan, nyaéta urat Roh jeung urat Syaraf; ngan éta urat Rasa anu kaluarna tina Uteuk sirah palebah tukang mapay sungsum tulang tonggong, terus mencar, nyaliara ngarancabang nepi ka pinuh sakuliah bungkeuleukan. Tungtungna tina sakabéh urat pada ngancik dina kulit. Ari urat getih mah bijilna tina Jajantung beulah kénc, nyaéta tina “Fu’ad”; terus mencar minuhan sakuliah daging; engké ngumpul deui jadi hiji kuluwung, balik deui kana Jajantung, jalanna ka beulah katuhu. Terus kana kamar jajantung anuhandap, bijil dui kana Bayah. Sabada disaring jeung dibeuleum ku hawa ambekan dina Bayah, asup deui kana Jajantung beulah kénca rék diperes deui sina nyaksrak ka saluar awak. Kitu deui jalanna getih Saumur-umur kukurilingan nepi ka sakujur awak ari can nepi ka waktuna balik mah.

Ari ‘pabrikna’ getih téh nyaéta Kalilipa. Ari napas mah jalanna ti lawang panyambung hawa (oxigen) lebet ka jero mapay kuluwung hawa anu ngaréndéng jeung genggerong, terus kana Bayah ngeusian sakumna kekempis hawa, datang ka rembung antel jeung getih anu kaluar tina kamar Fu’ad palebah katuhu. Terus éta getih diduruk ku oksigen supaya beresih deui. Getih balik deui ka Jajantung. Hawa ayeuna jadi kotor sabab saolah-olah geus kaeusian ku rupa-rupa racun anu ngotoran getih. Balik deui kana irung, bijil jadi hawa.

Ari perjalanan Rasa mah béda deui, urat syaraf nu geus nyaliara sakujur kulit, henteu ngumpul deui jadi hiji balik ka asalna deui. Tapi tetep baé kitu. Ari aya nu kudu dirasakeun, nyaéta kulit kaoyagkeun ku naon baé, éta urat syaraf terus ngageter nepi ka Puseurna pisan, nyaéta Uteuk. Terus éta Uteuk ngageter deui, ku ieu geteran urat syaraf bakal ngarasakeun nyeri, peurih, panas, tiis jeung sajabana. Nyata ari nu ngarasakeun mah Uteuk saperti: Paninggal, Pangangseu, Pangrungu, Pangrasa – éta sadayana padamelan Uteuk. Engké ka hareup urang bahas dina pamuhitan ‘jalma anu ulah’.

Diunggelkeun ku para pakar dina kitab “Tasreh”: Hak Nu Maha Suci ngajadikeun anggahota manusa téh tina sababaraha jinis tulang, urat, daging jeung nu lianna. Di dinya disebutkeun yén sirah téh kumpulan sakitu tulang, nu disebut KUBAH. Pangambung sareng garis Budi sakitu tulang; wawadah Akal sakitu tulang; sakumna ditelek pisan bilanganana ku Akal. Dicaritakeun sotéh lain rék ngukuhkeun bilanganana, tapi rék nerangkeun yén éta bilangan téh tafsirkeuneun deui, supaya kapanggih rusiahna. Kitu deui rék nerangkeun yén rarangkén jasmani téh mangratus-ratus anu séwang-séwang boga perbawa jeung kakuatan sorangan. Tapi pikeun lalakon kamanusaan mah euweuh hiji bagéan anu bisa meta nyorangan, kudu baé sili injeuman tanaga jeung babaturanana. Tuladanana bilangan aya hartina jeung panyambunganana, kieu:

A. GETIH - Ceuk Kitab ‘Tasreh’ bilangan Getih téh nyaéta TÉTÉS, beuratna disebut MISKOL atawa sakulak satengah (kulak ukuran fitrah). Ari rupana getih aya opat:
1)      Getih Bodas.
2)      Getih Konéng.
3)      Getih Beureum.
4)       Getih Hideung.

B. DAGING - Ari beuratna Daging aya dua puluh dalapan (28) kati. Kati ngaran anu pasti sarta geus disahkeun ku para Ulama, Ari rupana daging aya opat:
1)      Daging Bodas.
2)      Daging Konéng.
3)      Daging Beureum.
4)       Daging Hideung.

C.  BULU - Ari jumlahna Bulu aya 189,897 lambar.

D. KULIT- Rubakna kulit – panjangna 5 kaki (feet),  pongpokna 3 kaki (feet)

E. TULANG - Jumlah tulang aya 224. Rupana tulang aya opat:
1)      Tulang Bodas.
2)      Tulang Konéng.
3)      Tulang Beureum.
4)      Tulang Hideung.

F. URAT - Jumlah urat aya 194. Rupana aya opat:
1)      Urat Bodas.
2)      Urat Konéng.
3)      Urat Beureum.
4)      Urat Hideung.

G. JEROAN - Jumlah jeroan aya tujuh rupa:
1)      Ati Ngen – makamna Ati Sir
2)      Jajantung – makamna Ati Sanubari
3)      Bayah – makamna Ati Jinem
4)      Kalilipa -
5)      Ginjel (Kabungbuahan)
6)      Hamperu
7)      Peujit

Jajantung jeung Bayah ayana dina lebah gigir kénca sahandapeun susu kénca.  Kalilipa makamna Ati Fu’ad, ayana dina lebah susu kénca. Ari Kabungbuahan Ati (ginjel) – Budi jeung Ati hangawi, ayana dina palenah beulahan Dada, ari nu hiji deui ayana dina lebah susu katuhu.

Ari peujit makamna kadaharan – panjangna peujit 18 jeungkal; Buah Cai 5 jeungkal; Buah kadaharan lian ti cai 9 jeungkal; Buah panarik ambekan 4 jeungkal. Ari nu kebat kana Jubur tungtungna 9 jeungkal. Ari nu lepas kana Kubul tungtungna 5 jeungkal. Kaluhurna mah sajalan baé. Tapi anu keur panarik ambekan boga dua jalan: ka luhurna anu terus kana Sungut jeung kana Irung. Ari nu kana Sungut nyaéta ambekan anu mawa rasa jeung ngadatangkeun rasa. Ari nu kana Sirah nyaéta ambekan anu mawa rasa Ambeu sarta ngadatangkeun rasa Ambeu jeung mawa rasa Tinggali sarta ngadatangkeun rasa Tinggali, jeung nu mawa rasa Dangu sarta ngadatangkeun rasa Dangu. Jeung nu mawa asa Saré sarta ngadatangkeun rasa sanggeusna Saré.

Ari kahandapna mah kana dua palawangan atawa kana suku; éta geus kakurung ku rasa nu ka luhur ka nu jalan dua téa. Naha enya kitu?

Éstu pisan! Upama urang henteu muhit kana bilangan salancar. Gaibna mah siloka getih téh enggon Hayat anu jadi lantaran sagala rupa parabot manusa digawé.  Bilangan lima (5) nerangeun asal gaibna tina lima sipat: anasir Seuneu, Cai, Angin, Bumi jeung Sir. Terus nyaréat bilangan tujuh (7), ditambah ku Badan badag jeung Pagawéan badag; ana balikna kana enol (0) hartina Hajrul Hayat, nyaéta Alam.
Gelarna Lima anu asalna ti jero beuteung, béntangna ‘Mustari’, poéna ‘Kemis’, ciri wancina Udel. Terus  Tujuh, nyaéta lampah, béntangna ‘Juhal’, poéna Saptu, ciri wancina Suku anu lonyob kana laku lampah kahéwanan, embung mawa kana kahadéan lamun henteu dipaksa. Balikna deui engké kana enol, nyatana Hajrul Hayat. Dalilna dina Al Qur’an surat Al An’am ayat 37, unggelna kieu:

"Jeung sasatoan nu aya di bumi jeung sarupaning mamanukan nu hiber ku dua jangjangna,taya lian (anging) umat (ogé) siga anjeun. Moal kami popohokeun saeutik ogé dina Al-Kitab, tuluy maranéhanana bakal dikumpulkeun ka Pangéranna. "(QS 6:38)

Ku ieu dalil geus disebutkeun balikna sakumna umat, nya ka tempat anu lumrah. Silokana ku angka enol (0). Kitu deui poé jeung lintang  kumna bakal balik deui ka asalna.

Tadi geus diteangkeun yén manusa téh hirupna kudu ‘sili injeuman tanaga’. Urang kiaskeun baé ku barang bukti. Ki Dadap can nyaho kana rupana goong, ukur nyaho ngaranna béja ti batur. Jadi ana kitu Ki Dadap ngélmuna élmu Béja, Imanna iman Béja. ‘Gung’ aya sora ti kajauhan, kadéngé ku Ki Dadap, cék pikiranana: béjana nu kitu téh sora goong. Ki Dadap ayeuna hayang tétéla di rupana. Tah geuning ki Dadap téh boga kapanasaran, henteu cukup ku dangu atawa katiginan haténa. Ku saksi ceulina wungkul. Da panonna ogé hayangeun sidik. Panonna moal bisaeun sidik upama teu ngahiras tanagana suku sina leumpang. Suku ayeuna leumpang nepi ka tempat goong. Sadatangna, teu aya panakol goong, tapi keukeuh danguna hayang sidik deui kana sorana. Nya tuluy ngahiras tanaga leungeun, sina nakol éta goong. Sanggeus goong disada kakara Imanna pageuh. Ayeuna panonna tuluy ngarérét kana kendang. Bakating ku hayang disik kana sorana nya tuluy ngahiras deui kana leungeunna. Tah ayeuna Ki Dadap kakara yakin, élmuna jeung imanna ogé ayeuna mah jadi pengkuh, sabab lain béja.

Ku ieu kias nyata ayeuna ka urang yén rék ma’ripat téh geuning sakumna bagéan badan téh kudu ubyag pada arusik silih injeuman tanaga jeung kakuatan, Upama peperencilan mah moal datang kana ma’ripat. Kitu deui peta ma’ripat téh nyaéta dekna panakol dicekel ku leungeun ditakolkeun kna goong téa; disaksi ku sakumna pancadria jeung ku sipat-sipat anggahota nu séjén. Upama henteu kitu nya Ki Dadap tetep dina sagala rupa ngalap cukup ku béja wungkul. Nyasat manjing kana dalil kieu: Laa haola walaquwwata illa billahil aliyyul adiim.

Kanyataan sangsara hirup jero tugenah baé, midangdam Alloh- Allloheun, ku béja batur anu teu bisa ngayakinkeun.

Yakin kana sagala rupa nu aya di manusa téh henteu salah deui sakabéhna: Hikmat – Mangpaat – Hasiat jeung Paédah, Kitu deui pada béda-éda perbawana jeung kakuatanana, nyaéta aya nu cicing aya nu obah, aya nu panas aya nu tiis, aya nu baseuh aya nu tuhur jeung sajabana.

Upama anu Panas ngéléhkeun anu Tiis atawa anu baseuh ngéléhkeun nu tuhur atawa ngeuwah-ngeuwah anu cicing, éta kajadianana salah timbangan jeung géséh patandingan di jero awak urang, tuluyna jadi panyakit, atawa ngadatangkeun bakat goréng, ngalajur napsu ngumbar amarah, henteu aya bédana jeung tabéat sato atawa jirim anu kurang sampurna.
Dawuhan Allah:  

"Jeung satemenna Kami ngajadieuan naraka Jahannam) lolobana ttina jinis jin jeung manusa, maranéhanana boga haté, tapi teu digunakeun keur ngartikeun (ayat-ayat Allah)jeung maranéhanana boga panon (tapi) teu digunakeun ker ninggali (tanda-tanda kakawadaanAllah), jeung maranéhanana boga ceuli (tapi) teu digunakeun keur ngadéngékeun (ayat-ayat Allah). Maranéhanana kawas ingon-ingon, malahan maranéhanana leuwih sasab. Maranéhanana jalma-jalma nu talangké." (QS Al A’raaf, 7:179).

"Kitu manusa digelarkeunka Alam Dunya henteu samata-mata, tapi aya maksudna, dawuhan Allah:
Jeung Kami henteu nyiptakeun jin jeung manusia lian ti supaya maranéhna ngabdi ka Kaula. "(QS 51: 56)

Tah geuning pancén manusa téh kudu ngukuhkeun sarta totomplokan kana kapercayaan ka Allah swt. Tapi sanajan geus dibéré pancén kitu ogé masih loba anu dholim jeung sambéwara, nepi ka poho pisan kana kawajiban ngurus amanat Allah swt. Ku kecap “liya’buduun” duterangkeun deui, kudu deuheus ka Allah swt. Jadi wawakilNa dina nata jeung ngeuyeuk Dunya.
Dawuhan Allah: 
Ma asobaka min hasanatin faminallah, wamaasobaka min sayiatin nafsik”. 

Bener pisan éta téh geus jadi dadasarna manusa. Pan tadi ogé di luhur geus dipopoyankeun, yén dunya badag mah enggon papaséaan wungkul. Nyasat teu eureun-eureun sabil sabab aslna ogé tina jinis-jinis anu teu daékeun rapih jeung piri umpina. Tapi éta téh aya nu manco nyaéta Sir, nu matak ieu  Sir kudu kuat supaya nanjung dina mimbar pangheuyeukanana ka para ponggawa anu opat, sina alus sina rapih tina pacéngkadan anu opat.

Timbul baé rupa-rupa Roh anu ngandung perbawa jeung kakuatan séwang-séwang, nyaéta:
1.       Roh Rabani
2.       Roh Idopi
3.       Roh Rohani
4.       Roh Jasmani
5.       Roh Hewani
6.       Roh Nabati
7.       Roh Kudud anu asal ti ka-Sucian.
Terusna kasélér-sélér ngan nepi ka jadi saksi wungkul, henteu digunakeun keur ngeuyeuk ngajeujeuhkeun. Sabab Roh-roh ngan pabéntar baé, teu daékeun lulus dina enggoning ngajalankeun pagawéanana. Samangsa-mangsa ngancik dina kagoréngan, tinangtu bakal jadi kotor, balukarna kakuatan Roh anu hadé jadi apes. Nyatana hirup jadi sangsara, pinuh kanyeri, kabingung, kasusah jeung rupa-rupa deui.

Urang ngalap conto, ti orok gubrag medal ka Alam Lahir, teu usaha teu naon-naon, malah pancadriana ogé teu acan bisa digawé. Rohna masih beresih, hartina masih Kudus masih kuat tur bedas. Geuning loba nu asih, murudul rejekina bari teu kalawan disiar, sarta ka orok mah tara aya anu cua. Kitu watekna Roh Kudus, upama teu kaéléhkeun pangaruhna ku Roh-roh anu séjén.

Lila-lila si orok ngagedéan, nungtut kakuatanana tarémbong, parabotna mimiti digarawé, nepi ka balég, sampurna anggahotana.

Sabab dina milampah kadéwasaan manéhna loba milampah nu goréng, kayaning bohong, salingkuh, ambek ka pada babaturan jeung sajabana, harita geus témbong balukarna. Rizkina ngurangan jeung loba kanyeri, loba kasusah. Mingkin gedé leuwih kotor, nepi ka nyiar rizki ogé kudu banting tulang dug nyuuh pet nyawa. Terusna aral subaha, lampah ngabobodo manéh atawa dholim ka diri batur.
Lamun manusa geus kitu tandaning Kudusna nu apes. Rohani, Idopi empés-empésan; Roh Jasmani jeung Roh Hewani anu tatanding. Nimbulkeun talajak héwan. Terusna nirca kalakuanana, terus nepi kana tabéat iblis. Karesepna sarakah, keukeureuweut kana hak batur, hayang ngarampas atawa mergasa. Henteu diingetkeun yén rizki téh datangna kudu resmi, sah ti papada mahluk, moal murag ti awang-awang. Kitu sarsilahna!

Dina badan manusa asalna Roh sadayana sarua timbanganana, henteu aya nu beurat sabeulah. Lampahna éta jalma loba kana kagoréngan, ngarugikeun kana timbangan Roh anu hadé. Nya ana tuluy goréngna Roh nu hadé mah nepi ka éléh hujah jeung tanagana. Sabalikna upama ngagugulung kahadéan anu goréng bakal jadi hampang. Upama Roh Héwani ngagedéan dibarengan ku teu ngangen-ngangen kana Rohani jeung Rabani éta manusa tungtungna jadi iblis.
Pasualanana mana anu hadé? Naha ngagugulung Robani jeung Kudus wungkul, engké Jasmani, Héwani, Nabati bakal pareum. Ana pareum éta manusa kudu baé teu hayang dahar-paké; poho ka anak pamajikan, sarua jeung nyangsara ka badan anu jadi amanat manéhna. Éta téh jadi dosa, moal luyu jeung pangaturan Islam.

Ari nu hade keur urang. Anu resep kénéh campur-gaul jeung batur, hirup kudu bisa dahar-paké. Jadi hadéna mah sakumna Roh kudu sarua timbanganana. Ka ditu ka dieu urang logor, balukarna hirup lulus jeung ibadahna, tur dipikaasih ku sakumna mahluk.

Kumaha atuh supaya éta Roh-roh sarua timbanganana, singgetna kieu:
Kudu Shalat jeung Shaum. Ulah poho kana tujuan Sahadat, supaya Kudus tetep langgeng perbawana jeung kakuatanana ngeuyeuk, ngawengku Roh nu séjénna, ulah aya nu unggul sawaréh”


Cag
Read more

MUNJUNG

0 komentar
EYANG SINGA
DINA basa Sunda aya papagah anu unggelna “Ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara. Munjung mah kudu ka indung muja mah kudu ka bapa”. Éta papagah téh biasana diucapkeun ku hiji nini atawa ku hiji aki ka incuna. Lain ku kolot ka anakna. Da mémang kitu étikana. Lamun hiji nini atawa hiji aki boga incu geus gedé hég rada carékeun, biasana si nini atawa si aki sok papagah anu kawas kitu. Munjung téh asalna tina kecap punjung. Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda Lembaga Basa jeung Sastra Sunda hartina “muja lantaran hayang beunghar jeung sajabana ku jalan kotor”. Ari munjungan nyaéta sasalaman kalawan hormat ka kolot atawa ka saluhureun (404, 1-11).

Numutkeun Kamus Basa Sunda R.A.Danadibrata pedalan Kiblat Utama, punjung téh hartina aya dua. Nu kahiji hartina tuturus (tina basa Malayu), ari anu kadua hartina ngadatangan saluhureun anu dianggap loba karamatna atawa berekahna. Munjung hartina ngadatangan anu rék dipunjung, saperti munjung ka para sepuh, ka Gunung Jati di Cirebon. Munjungan hartina  sasalaman bari nyanggakeun salam pangbaktos. Dipunjung-punjung hartina dipuja-puja. Pupunjung hartina pupuja. Pamunjungan hartina tempat munjung ti mana mendi (550, 1-1). Ari panjang-punjung hartina panjang umur jeung mindeng munjung ka sepuh (497, 1-5). Kitu saur R.A.Danadibrata dina kamusna.

Di urang geus ilahar, lamun aya jalma beunghar ngadadak (sok aya anu su’udzon) pajahkeun téh hasil munjung, saperti anu disebutkeun ku Kamus Umum Basa Sunda LBSS.“Meureun wé da si Éta mah munjung ka Cirebon”. Cék sakaol mah anu sok diparunjungna téh nyaéta sabangsaning sétan moyét, sétan oray, sétan bagong jeung sabangsaning sétan-sétan lianna. Mohammad Ambri sastrawan taun tilupuluhan nyerat hiji buku anu judulna Munjung anu ku Ayip Rosidi di-Indonésia-keun jadi Memuja Siluman. Ari eusi éta buku taya lian nyaritakeun perkara-perkara jeung jalma-jalma anu marunjung alias muhit ka sétan téa, kayaning ngipri, nyupang, nyegik, ngopét jeung sajabana. …… (ki Udin)


Read more

Jumat, 19 Agustus 2016

SI "ETA" MUSUH MANUSA

0 komentar
KURUNG-KURING
Bener karak sadar Si "ETA" teh musuh bubuyutan ti saprak Eyang Adam, moal eureun ngabaruncahkeun Manusa nepi ka Dunya ieu bubar...

Bisa pisan ngabibitana sarta ngadodoho bangsa manusa ku jalan ngaruksak Cara Hirup/kabutuhan Sandang, pangan jeung Papan. di ayakeun Bank- Bank, nyetak duit kertas (*padahal sa'acana manusa sadunya duit teh pake, Perak, tembaga atawa emas)

Sabangsaning pangbibita kasenangan, pangresep manusa di ulik ti cocoan, pagawean, teknologi, terus di update, nawaran hutang bari menta tambah kajeun sa'eutik ge, nu antukna manusa kacanduan ngahutang, boh Rakyat boh pamarentahna jadi budak hutang ka si "ETA"

Ayeuna Nagara nu ceuk Urang dianggap Badag bakal "Rugrug" pangheulana (*sok tingalikeun), manehna ngaku "Pulisi-Dunya" arinyana ge teu nyaho ka si "ETA", teu karasa, da loba nagara nu hormat jeung sieun ka Pulisi-Dunya. hehe.. teu karasa Hutangna ka si "ETA" geus salaput hulu, tinggal nunggu Rugrug Nagarana, rakyat na sing beretek kalaluar neangan salamet masing-masing.

Kiwari si "ETA" nyetak duit sorangan, "EURO" supaya leuwih gampang ngandalikeun Ekonomi Manusa (Global), hayang misahkeun Dolar nu sakeudeung deui Nambru. cita-cita si "ETA" geus tereh bukti, da kiwari geus karasa manusa geus kawas kebo di cocokan irung na, da boga harutang ka si "ETA", rek ngalawan moal waranieun da manehna ngawasaan senjata canggih jeung teknologi.
Tapi Ulah salempang, ari bangsa Sunda mah moal ilubiung kalaparan sabab Urang sunda mah boga Gudang kadaharan, keun weh maranehna nu nurut ka si eta titah ngadaharan Duit kertas meunang ngieun si eta tea...

Bakal datang Hiji Mangsa, Duit, Emas atawa harta banda teu laku (*da emang duit mah hayam ge teu beukieun), manusa sadunya bakal butuh barang dahar,... bangsa Kulon, Kaler, Kidul bakal ngemis ka Bangsa Sunda "Hayang barangdahar"... "Bangsa Sunda pasti Someah kasemah, kajeun diharakan, dipadogan dunyana ku maranehna".. nya maranehna nu jadi JONGOS si "ETA"..
Read more

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.

PUPUHU

PUPUHU
KI RASA

SEKJEND

SEKJEND
BONAN SANGGABUANA

NU GADUH ARTOS

NU GADUH ARTOS
KANG JAENUDIN, AR

EYANG SINGA

EYANG SINGA
NU NGAPING

Cari berita blog

DAFTAR

YANG SERING DIBACA

 
 PAGUYUBAN KUTATANDINGAN _ KARAWANG 2012    -PEMILIK-  KUTATANDINGAN email:encumnurhidayat@gmail.com