Karuhun baheula ari ngucapkeun AL-FATIHAH teh sok HAL PATIKAH, tapi ari maksudna mah teu beda cara urang ayeuna bae, nya eta nyebut (muji) Asmana Pangeran anu ngagaduhan sipat welas jeung asih, ari pangna nyeubut kitu teh karuhun mah “ enya enggeus nyahona, yen Pangeran anu ngagaduhan sifat welas jeung asih nya eta bukti ka’ayaan dunya katut pangeusina anu salawasna dilahirmah dipikabutuh ku sakabeh mahluk keur kaperluan dirina, tah eta kamurahanana.
Ari anu awisna, anu teu beunang dijiga-jiga teu beunang di tunjuk ku curuk, teu beunang dicaritakeun, bukti ayana ku wujudna, saperti pangawasa, pangersa, elmu, hirup, rungu, tingali jeung ngandikaNa teu ngawujud, di badan ( kamurahanana ) …………. Sanajan ieu katerangan sakieu saeutikna, meureun urang moal arek mungkir deui yen eta teh wujud ; sarta lamun ku urang di absent hiji-hijina dina badan urang bakal ngajawab, yen enya wujud ayana, saperti ;
NU KAWASA ? …………… Aya ! da lamun euweh nu kawasa mah kajeun boga awak sagede munding oge, moal bisa nangtung-nangtung acan.
NU KERSA ? ……………… Aya ! da lamun euweuh anu KERSA urang teh moal usik-usik acan.
NU HIRUP ? ………………. Aya ! da lain golek, teu kudu di hirupkeun ku Batur !
NU NGARUNGU ………… Aya ! teu kudu make denge batur.
NU NINGALI ………………Aya ! teu kudu make awas batur.
NU NGANDIKA ………….. Aya ! teu kudu make ucap batur, sabab lamun sagala kumaha batur, kumaha kuring?.
Ieu kabeh netepkeun sadaya puji ka pangeran dina wujud jeung ayana
BISMILLAHI nu awisna = Wujud
ROCHMAN-ROCHIM kamurahanana = Aya (wujud aya, awis mirah ti Anjeun Na)
Anu mantak aya Tikah, nya asal tina Tepung wujud cinta pada cinta di dunya (dunya aya) nu di tepungkeun kunu Maha Mulya. Contona ;
Moal Kanjeung Nabi Adam tepung sareng babu hawa upama teu lahiran teu batinan, jeung silih pikawelas-silih pikaasihna ( Sir – pada – Sir ).
Jaman Kanjeung Nabi Adam jeung Babu Hawa geus putraan, nepangkeun putrana nu pameget kanu istri, eta kudu kasaksi heula ku ibu ramana, sarta kudu di-didik kumaha jalan-na cinta (lain bogoh wae) sarta sing nyaho kanu kawasa dina diri-na, nu asal ti Nu Maha Mulya.
“Perjangjian di hareupeun indung bapa”
Sanggeus alam dunya loba eusina, ku ayana gundukan-gundukan (kaum-kaum) nya kudu nikah di kaum, sangkan ka saksen ku kaumna, netepan adat ka kaumna (bangsana).
Rukuna:
1. Panganten lalaki
2. Panganten awewe, teugesna nu dianti-anti (pangantian) sangkan panganten salamet salawasna.
3. Ijab - Kabul, waktu maranehna tepung mimiti ; waktu hareupeun kolotna sarta geus jarangji rek silih pikanyaah.
4. Wali nya kolotna pisan pikeun ngawalian carana anu kawasa ka anak dina waktu harita.
Alam dunya ayeuna geus diatur ku Ratu (wawakil Pangeran di dunya) sangkan mulus rahayu berkah salamet nagara katut pangesina, panganten, babaku panganten lalaki kudu jangji ka nagara ku neken (tanda tangan) dina surat kawin, nu maksudna supaya salamet ka nu di salametkeun katut nyalametkeunnana.
Tah kitu bae HAL PATIKAH mah.
BISMILLAH = SAGA PUJI KANGGE Pangeran, kabeh geus wujud ayana nyata ka – awisanana. RACHMAN-RACHIM = ieu dunya katut pangeusina, kabeh anu di ayakeun, nyata kamurahanana.
0 komentar:
Posting Komentar