![]() |
Teureuh Sunda |
Kecap “Parahyangan” nu salajengna di sebut “Priangan” nusering diartikeun nunjukeun tempat atawa padumukan, sabab mun ku urang di cukcruk make bahasa “Sang Saka Kerta” (Sangsekerta) nu ditulis ku aksara “Palawa” Kecap “Parahyangan” ngandung harti saperti :
“Pa” artina nyaeta Tempat, jeung “Ra” nyaeta “Cahaya” jadi kecap “Hyang” ngandung harti “Pamingpin nu Agung”. Lamun diartikeun cara bebas “Pa-Ra-Hyang “ nyaeta tempat-Cahaya-Pamingpin Nu Agung” atawa tempat pamingpin Nu Agung Cahayana”.
Kecap “Para” didieu teu ngandung harti Jamak, misalna dina kalimat “Para hadirin, Para pamiarsa, jst. Kecap “Para” umumna digunakeun jeung nunjukeun patempatan nu Agung atawa Luhur bisa oge Langit-langit ( Para= Langit, tingali dikalimat para atawa langit-langit nu mernahna di handapeun wuwungan nu artina Suwung atanapi Kosong). Nu ngalantarankeun kecap “Parahyangan” leungiteun arti atawa makna nalika ditulis dirundayan kalimat atawa bentuk kecap “Para-Hiang-an” lejeung disingkat “Priangan”.
Pa-Ra-Hyang-an dimaksud lain nunjukeun tempat atawa kota Bandung sabudereunana, tapi khususna jeung wewengkon tempat dumadina "Salaka Domas" jeung "Salaka Nagara", tepatna di wewengkon Gunung Agung (Gunung Tangkuban Parahu), kukituna urang ngenal daerah “Lamba Hyang atawa "Lembah Hyang" atawa "Lembang” (kiwari). Tempat eta pisan jadi musabab gubragna konsep Kebangsaan jeung ketatanagaraan di sakabeh dunya, nu dimimitian ku "Sang Hyang Watu Gunung" "Ratu Agung Manik Maya" nu gaduh Misi “ Mula Sarwa Stiwa Dani Kaya” (nu perenahna di Gunung Batu daerah Buka Nagara/ Mula Nagara, Lembang). Nu saterusna dilanjutkeun ku Maha Raja Resi "Prabu Shindu-La-Hyang" (Sang Hyang Tambleg meneng) nu ngawangun padepokan "Jambu Dwipa", nu engkena konsep ieu dilanjutkeun ku Da-Hyang Su-Umbi (Galuh Kandiawati) jeung Jaya Singawarman atawa Si Tumang (Resi Taruma-Hyang), nu ngadeugkeun Tarumanagara.
Pernikahan antara Da-Hyang Su-Umbi jeung Taruma-Hyang ngalahirkeun Panca Putra Dewa (Pandawa Putra) Nu nyandak misi Ajaran Dwipa (Dwipayana) nya jadi ngadeg Jawa-dwipa, Swarna-dwipa, Simhala-dwipa, Waruna-dwipa, jst. Nu terusna ka India.
Anapon Pandawa Putra eta dikenal oge "Pancakusika" diantarana :
1. Pangeran Nandiswara (Sang Guru/Kuru Hyang = Sangkuryang = Ganesha = Sri Bima Sakti)
2. Pangeran Gargha
3. Pangeran Purusha
4. Putri Maestri
5. Pangeran Puntajala Hyang (Dapunta Hyang/Gn. Puntang)
*Gunung* = Guru nu Agung, eta musabab keur urang Sunda, gunung teh ngagaduhan makna/ arti nu kalintang penting jeung ngagaduhan makna husus. "Hu" tina kecap "Parahu” = Pa-Ra-Hu" nu maknana Gusti/ Tuhan, saperti anu digunakeun ku bangsa Arab (Yaa Hu), atawa seperti kecap "Ra" nu digunakeun ku urang Mesir (Rahayat Mesir akrab jeung ngagunakeun gambar “Dewa Panonpoe”teh minangka Dewa “Ra” jeung Dewa “Anubis” make hulu anjing.
Musnahna paham urang Sunda ka bahasa Salaka Domas jeung Salaka Nagara kira-kira bareng jeung diberekeuna istilah "Sang Saka Kerta" ka Bangsa India (versi sejarah Barat). Urang Eropa nyebutna nyaeta "Sanscrit", sedengkeun Urang Melayu nyebutna nyaeta "Sansekerta".
Atuh patung Sidharta Gautama di candi Borobudur oge teu berarti Sang Budha eta Urang Indonesia?. Titenan kumaha elmuwan luar ngaganti kecap "Kong Hu Tzu" jadi "Confucius". Nyata, kitu deui kecap ‘HU’ jeung RA atawa SANG SAKA KERTA.
naon dasarna urang sunda kudu tunduk kana catatan sajarah nudi tulis ku bangsa eropa? sajujurna maranehanana teu nyarahoeun sama sakali asal muasal Urang Sunda Besar jeung Sunda Kecil, mun ge pareng aya anu ngarti diantarana eta geus katemperan ku politik 3G- "Gold, Gospel and Glory".
0 komentar:
Posting Komentar