![]() |
EYANG SINGA |
DINA basa
Sunda aya papagah anu unggelna “Ulah munjung ka gunung ulah muja
ka sagara. Munjung mah kudu ka indung muja mah kudu ka bapa”. Éta
papagah téh biasana diucapkeun ku hiji nini atawa ku hiji aki ka incuna. Lain
ku kolot ka anakna. Da mémang kitu étikana. Lamun hiji nini atawa hiji aki boga
incu geus gedé hég rada carékeun, biasana si nini atawa si aki sok papagah anu
kawas kitu. Munjung téh asalna tina kecap punjung. Numutkeun Kamus Umum Basa
Sunda Lembaga Basa jeung Sastra Sunda hartina “muja lantaran hayang beunghar
jeung sajabana ku jalan kotor”. Ari munjungan nyaéta sasalaman
kalawan hormat ka kolot atawa ka saluhureun (404, 1-11).
Numutkeun Kamus Basa Sunda R.A.Danadibrata pedalan Kiblat Utama,
punjung téh hartina aya dua. Nu kahiji hartina tuturus (tina basa Malayu), ari
anu kadua hartina ngadatangan saluhureun anu dianggap loba karamatna atawa
berekahna. Munjung hartina ngadatangan anu rék dipunjung, saperti munjung ka
para sepuh, ka Gunung Jati di Cirebon. Munjungan hartina sasalaman bari
nyanggakeun salam pangbaktos. Dipunjung-punjung hartina dipuja-puja. Pupunjung
hartina pupuja. Pamunjungan hartina tempat munjung ti mana mendi (550, 1-1).
Ari panjang-punjung hartina panjang umur jeung mindeng munjung ka sepuh (497,
1-5). Kitu saur R.A.Danadibrata dina kamusna.
Di urang geus ilahar, lamun aya jalma beunghar ngadadak (sok aya
anu su’udzon) pajahkeun téh hasil munjung, saperti anu disebutkeun ku Kamus
Umum Basa Sunda LBSS.“Meureun
wé da si Éta mah munjung ka Cirebon”. Cék sakaol mah anu sok
diparunjungna téh nyaéta sabangsaning sétan moyét, sétan oray, sétan bagong
jeung sabangsaning sétan-sétan lianna. Mohammad Ambri sastrawan taun
tilupuluhan nyerat hiji buku anu judulna Munjung anu ku Ayip Rosidi
di-Indonésia-keun jadi Memuja Siluman. Ari eusi éta buku taya lian nyaritakeun
perkara-perkara jeung jalma-jalma anu marunjung alias muhit ka sétan téa,
kayaning ngipri, nyupang, nyegik, ngopét jeung sajabana. …… (ki Udin)
0 komentar:
Posting Komentar