Pakuan Ditinggalkeun Pangeusina
Sok sanajan Pakuan masih keneh bisa dipertahankeun, rasa hariwang teu bisa leungit. Lantaran dina waktu ka waktu peperangan teu bisa disinglar, sedengkeun sumber kahirupan geus hese ditarekahan.
Pangeusi Pakuan geus ngarasa heureut lengkah jeung pinuh ku kasieun, teu gampang milih jalan pikeun nuluykeun kahirupan, tetep di Pakuan atawa ngungsi ka tempat sejen. Teu salah panyawangan Surawisesa, boga firasat yen Pakuan bakal rungkad.
Pangeusi Dayeuh Pakuan ngan ukur bisa neger-neger sorangan. Di jero jeung luar dayeuh seperti geus beda alam. Samemeh datang deui serangan, loba pangeusi Pakuan anu indit ngungsi diantarana ka pakidulan nyarieun deui kampung anyar di wewengkon Cilosok jeung Bayah, sanajan hatenamah teu werat ninggalkeun banjar karang pamidangan, tapi pikeun kasalametan diri jeung kulawarga, teu boga pilihan lain salian ti nyingkahan Pakuan nyalametkeun diri sewang- sewangan.
Ragamulya Suryakancana Raja Pajajaran anu pamungkas oge ngadegna teu di Pakuan deui, tapi dipangungsian (di Suku Gunung Pulasari, wewengkon Kadu Hejo, Kacamatan Menes, Pandeglang), dina kaayaan prihatin teu make atribut karajaan. Kulantaran kitu manehna disebut Pucuk Umun (Panembahan) Pularasi.
Palebah dieu rada hese kahartina, sabab Pulasari anu dijadikeun dayeuh Pajajaran anyar, tempatna ngadeukeutan Karajaan Surasowan Banten. Jiganamah manehna menang uga (pituduh) atawa dorongan batin yen puseur dayeuh kudu balik deui ka purbajati (titik asal).
Memang Pulasari baheulana patilasan Sang Aki Tirem, jeung tempat ngadegna Dayeuh Salakanagara ku Sang Dewawarman dina taun 130 Masehi. Sabenernamah geus hese neangan tohaan anu puruneun nerusken tahta Pajajaran, ngan tinggal Ragamulya sorangan anu masih keneh daekeun diadegkeun jadi raja.
Saenggeusna Panembahan Yusuf jadi raja nuluykeun bapana di Surasowan, manehna terang-terangan hayang ngaberesihkeun Pakuan. Geus dua kali gagal ngarurug Pakuan. Pikeun ngawujudkeun hasratna manehna nyiapkeun pasukan nu tohaga jeung menta bantuan karajaan Cirebon. Dina taun 1501 Saka (1579 Masehi),
Panembahan Yusuf bener-bener ngalaksanakeun ambisina ngarurug Pakuan. Pakuan nu geus 12 taun ditinggalkeun ku Nilakendra masih keneh bisa ngadeg, tapi pangesina geus beda jeung samemehna. Pakuan harita ngan dieusi utamana ku pasukan anu boga pancen ngajaga karaton di Pakuan nu jadi simbul Pajajaran turun tumurun.
Nurutkeun sajarah Banten bisa ditembusna benteng Pakuan lantaran ayana laku hiyanat dulurna Ki Jongjo (pangawal Panembahan Yusuf), nu kabeneran boga tugas ngajaga gapura benteng Pakuan.
Manehna ngalakukeun kitu lantaran ngarasa nyeri hate teu naik pangkat. Akibatna pasukan Banten bisa asup ka jero dayeuh. Wallahualam, ieu katerangan teh bisa bener bisa henteu, ngan nu jelas kajadian eta ngagambarkeun kumaha kuat jeung tohagana benteng Pakuan.
Kajadian bobolna gapura benteng dayeuh, pasukan anu boga pancen ngajaga Pakuan jadi kalang kabut, lantaran musuh nu disanghareupan bener-bener teu saimbang. Atribut karajaan buru-buru disalametkeun ku Jaya Perkasa jeung pasukanna ke Sumedang Larang. Sedengkeun sesa pasukan mertahankeun titipan karaton nepi ka ajalna. Sakabeh pangeusi Pakuan dibinasakeun, malah karaton oge diduruk tepikeun ka euweuh sesana.
Jiganamah Panembahan Yusuf teh ambek kapegung, tadina boga harepan waktu balik bisa mawa atribut karajaan anu bisa dipake pikeun bukti ahli waris Pajajaran. Anu nyesa di Pakuan ngan tinggal Palangka Sriman Sriwacana nyaeta batu tempat diuk waktu ngadeg atawa dilantik jadi raja. Batu eta teh disebut oge “ batu gilang ” ukurannana 200 x 160 x 20 cm di boyong ka Surasowan, Banten.
Senggeusna rengse numpurkeun Pakuan, pasukan Panembahan Yusuf saterusna ka Pulasari narajang Ragamulya Suryakancana. Sakabeh pangesi dayeuh anyar Pulasari binasa euweuh nu nyesa.
Nurutkeun Pustaka Nusantara III/1 jeung Kretabhumi 1/2 nu cantumkeun dina sejarah Bogor “Pajajaran sirna ing ekadaca cuklapaksa sewu limang atus punjul siki ikang Cakakala” Pajajaran leungit dina tanggal 11 bagian caang bulan Wesaka tahun 1501 Saka. (Kira-kiara tanggal 8 Mei 1579.)
Mang hanjakalkeun Pakuan nu boga sajarah panjang ditumpurludeskeun ku Panembahan Yusuf. Padahal di Tatar Sunda mah Pakuan teh dayeuh nu boga umur pang panjangna. Lamun diitung-itung ti mimiti diadegkeun ku Tarusbawa dina abad 7 nepikeun ahir riwayatna kurang leuwih geus 9 abad. Komo lamun inget ka katerangan catetan Tome Pires waktu datang ngadeuheus ka Sri Baduga di Pakuan, nyebutkeun yen bangunan utama karaton teh make tihang kai nu jumlahna aya 330, gedena sagede gentong anggur, jangkungna kira-kira lima fathom (salapan meter). Jigana anu disebut bangunan utama teh lima karaton ngajajar tea nu dibere ngaran Sri Bima, Punta, Narayana, Madura jeung Suradipati.
Lamun nilik Panembahan Yusuf nu keukeuh hayang jadi ahli waris langsung Pajajaran jeung cara perang nu euweuh ras-rasan, asa jauh ti adat Sunda nu silih asah, silih asih, silih asuh, jeung miheulakeun babadamian. Komo deui lamun ditempo tina ajaran Islam mah anu ngutamakeun silaturahmi, euweh pisan mernahna. Padahal anu diperangan teh lain batur tapi masih kenah dulur sorangan.
Sumedang Larang Ahli Waris Pajajaran
Pikeun nyalametkeun atribut karajaan 4 kandaga lante (panglima/senapati) jeung pasukanna meuntas ka Karajaan Sumedang Larang. Nu kungsi kacatet dina sajarah yen pasukan nu meuntas ka Sumedang Larang teh ngan ngaran kandaga lantena wungkul nyaeta ; Sangiang Hawu alias Embah Jaya Perkasa, Batara Adipati Wiradijaya alias Embah Nangenan, Sangiang Kondang Hapa jeung Batara Pancar Buana alias Embah Terong Peot. Eta kandaga Lante teh kabehannana adi-lanceuk.
Kandaga lante anu meuntas ka Sumedang Larang, lain ngan saukur hijrah tapi boga maksud pikeun ngadegkeun deui karajaan gaganti Pakuan. Dipilihna Karajaan Islam Sumedang Larang keur neruskeun Pajajaran nu geus runtag, lantaran rajana Prabu Geusan Ulun masih rundayan Sri Baduga keneh.
Ku jaminan 4 kandaga lante jeung ngalantikna make atribut karajaan Pajajaran, Geusan Ulun disatujuan ku 44 raja daerah jadi nalendra (raja) neruskeun atawa jadi ahli waris Pajajaran anu wewengkonna sakabeh urut Pajajaran mineus Banten jeung Cirebon.
Pajajaran Ngan Kari Ngaran
Runtagna Pakuan nu jadi Dayeuh Pajajaran pikeun urang Sunda mah mangrupakeun musibah anu kacida gedena. Pajajaran bener-bener leungit teu ninggalkeun nanaon salian ti ngrananna nu geus sengit sumebar ka sakuliah Tatar Sunda. Nagri Sunda Pajajaran teu bisa ngadeg deui, saterusna ngan ukur bisa hirup dina hate jeung dina lamunan wungkul.
Masyarakat Sunda jaman harita umumna teu narima leungitna Pajajaran, nepikeun para pujangga oge dinu karyana loba nu ngumandangkeun “asa geus deukeut ka Pajajaran ceuk galindeng Cianjuran tapi jauh keneh ka Pakuan ceuk galindeng panineungan” . Kulantaran keukeuh teu narima ngarandapan kaleungitan nagri, ahirna ngubaran sorangan, majarkeun teh cenah “Pajajaran mah lain leungit tapi ngahiyang (tilem) engke oge dina hiji waktu bakal ngadeg deui,” kitu ceuk carita kolot-kolot anu geus patali batin jeung Pajajaran.
Nineungna ka Pajajaran nepikeun ka taun 80-an mah masih keneh sok dilagukeun, “Pangrango nu ngadadago gunung Gede nu mepende ngajak mulang ka Pajajaran”. Kitu galindengnateh mani nyeceb kana hate, ngahudang lamunan jaman baheula, Pakuan nu geus tumpur Pajajaran nu ngan kari ngaran.
Referensi :
Danasasmita, Drs. Saleh. 2003. Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran Jeung Prabu Siliwangi , Bandung : Kiblat Buku Utama
Danasasmita, Drs. Saleh. 2006. Mencari Gerbang Pakuan , Bandung : Pusat Studi Sunda
Danasasmita, Saleh.1983. Sejarah Bogor : Pemda DT II Bogor
Darsa, Undang A. dan Ekadjati, Edi S. 2006.
Gambaran Kosmologi Sunda,
Bandung : Kiblat Belajar Sepanjang Hayat
Ekajati, Edi S. 2003. Kebuyaaan Zaman Pajajaran (I), Jakarta : P.T. Dunia Pustaka Jaya
Ekajati, Edi S. 2003. Kebuyaaan Zaman Pajajaran (II), Jakarta : P.T. Dunia Pustaka Jaya
Ekajati, Prof. Dr. Edi S. Agama Jatisunda Sudah Ditinggalkan Ratusan Tahun Lalu – Islam, Agama Pilihan Utama dan Abadi Orang Sunda , Bandung : Pikiran Rakyat Edisi 10 Juni 2003
Iskanadar, Yoseph. 1997. Sejarah Jawa Barat , Bandung : CV Gerger Sunten
Lubis, Dr. Nina H. 2000. Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat, Sumedang : Alqaprint Jatinangor
Nina H. Lubis Dkk. 2003. Sejarah Tatar Sunda , Pusat Penelitian Kemasyarakatan dan Kebudayaan Lembaga Penelitian Universitas Pajajaran & Masyarakat Sejarawan Indonesia Cabang Jawa Barat
Rohaedi, Ayat. Raja Sunda Tidak Melarang Rakyatnya Pindah Agama,
0 komentar:
Posting Komentar