RADEN TANUJIWA
Luitenant der Javanen
Riesz dina De Geschiedenis van Buitenzorg (1887) ngécéskeun yén Tanujiwa salah sahiji urang Sunda katurunan pajajaran nu junun ngawangun "tentara pagawe" nu gaduh parentah ti Camphuijs pikeun ngabuka leuweung Pajajaran dugi katungtungna anjeunna ngadegkeun Kampung Baru nu jadi "kalahiran" (de bakermat) Kabupaten Bogor nu diadegkeun engkéna
Tanujiwa dina cutatan VOC disebut
Luitenant der Javanen (Letnan orang-orang Jawa)
sarta Létnan Senior diantara babaturanana.
Kampung Baru anu diadegkeun di Cipinang (Jatinegara) jeung di Bogor. Anu di Bogor mimitina dingaranan Parung angsana. Tapi nalika Tanujiwa pindah ti Kampung Baru ka Cipinang tidinya, Anjeunna masihan nami Kampung Baru nu Ayeuna disebut Tanah Baru
Kapangaruh Ku kadongkapana ka patilasan Ibukota Pakuan waktu jeung Scipio, Anjeunna hoyong ngadeukeutkeun maneh jeung titinggal prabu Siliwangi.
Kampung-kampung saperti Parakan Panjang, Parung Kujang, Panaragan, Bantar Jati, Sempur, Baranangsiang, Parung Banteng jeung Cimahpar éta diantawisna kampung-kampung nu junun Di adeugkeun ku Tanujiwa jeung pasukanna. Kampung Baru (Parung Angsana) di jadikeun sarupaning "puser pamerintahan" pikeun kampung-kampung nu diadegkeun sacara papencar ku anak buahna
Tanujiwa oge nu boga inisiatif nyiyeun garis wates antara wewengkon urang-urang Banten jeung urang-urang Kumpeni waktu rakyat Pangeran Purbaya ngamimitian ngadeugkeun wewengkon Di sabudereun aliran Cikeas. Sementara, wewengkon aliran Ciliwung antara Kedung Badak nepi ka Muara Beres tos ditempatan ku urang-urang Mataram nu alimeun balik deui Ka daerah asalna sa atos ayana persetujuan antara Mataram jeung VOC taun 1677. Sapalihna ti aranjeuna Nyaeta palumpatan ti pasukan Bahurekso, sapalihna deui kelompok resmi nu Di kirim ku Sunan Amangkurat I taun 1661 ka Muara Beres, urut basis pasukan Rakit Mataram waktu ngepung Benteng Batavia.
Rasa hormat Tanujiwa ka patilasan puser Pakuan kacida gedena nepi ka gerakan okupasinya dieureukeun di gigireun kaler Ciliwung. Anjeunna teu wani ngaliwatan. Oge Ka batur2na nu ngabogaan maksud meuntasan walungan dikudukeun supaya meuntas di beulah hulu (Ciawi jeung Cisarua).
Almarhum M.A. Salmun pernah nulis dina Majalah Intisari (salah sahiji nomor tahun pertama), yen anu dimaksud Menak ki Mas Tanu Dina lirik lagu Ayang-Ayang Gung nyaeta Tanujiwa . Bener teu na wallahualam. Tapi, ampir tiap baris lirik lagu ieu bisa diibaratkeun ka kaayaan Tanujiwa Dina riwayat hirupna. Anjeunna nya bener anak emas Kumpeni jeung dipikangewa ku batur2na. Anjeunna Di tunjuk Ku Camphuijs ngagantikeun Letnan Pangirang (urang Bali) pikeun ngabuka wewengkon kidul
#Sunda Tandang Makalang
Hanca ....
0 komentar:
Posting Komentar