Selasa, 26 Maret 2019

Prabu Rakeyan Sancang

Ihwal saha Manusana nu mimiti ngageum Ajaran islam di taneuh Sunda, dumasar kana pitutur katerangan Panitèn Sajarah kang Deddy Effendie, nyaeta hiji Pangeran nu asalna ti Tarumanegara, nu ngarana Rakeyan Sancang, nu hirup na sajaman Imam Ali bin Abi Thalib.

Rakeyan Sancang kacaritaken milu ngabantu ka Imam Ali dina perang naklukeun nagara Cyprus, Tripoli jeung Afrika Utara, mandar milu rèrèongan ngawangun kakawasaan muslim di Iran (Syam), Afghanistan jeung Sind (644-650 M)

Dumasar tina info anyar ti tokoh ulama Mesir nu diwawarkeun ka Ir H. Dudung Fathirrohman ngucapkeun, Ali bin Abi Thalib dina peperangan naklukeun Cyprus, Tripoli dan Afrika Utara, turta meunang bantuan ti hiji tokoh asal Asia Timur Jauh.

Sabab keterangan ti eta info jeung mun ditaliti tina Naskah kitab nudi tulis ku Pangeran Wangsakerta gede panyangka yen tokoh Asia Timur Jauh eta nyatana Prabu Kretawarman (561-628 M) Maharaja Tarumanagara generasi VIII nu ngagaduhan garwa dua, hiji istri nu asal ti Calankayana, jeung istri nu kadua nu asal ti Swarnadwipa/ Sumatera sadayana teu nurunkeun turunan (Anak) nu antukna mulung hiji budak nudi aku jadi anakna diaranan Brajagiri.

Kretawarman ngarasa dirina merasa mandul, tahta Karajaan diwariskeun ka adikna nyaeta Prabu Sudawarman nupadahal sa'eunyana teusadar manehna boga katurunan ti hiji istri putri tukang ngarorotek Kayu Nyi Setiawati.
Ki Prangdami bareng bojona Nyi Sembada tumetep di dekeut Leuweung Sancang di sisi walungan Cikaengan Pesisir Laut kidul Garut.

Putrina Setiawati ditikah Kretawarman nu ngan sapuluh poe ngagaulana, tiharita ditinggalkeun malah dipohokeun.

Setiawati ngarasa dirina asal ti kasta sundra, mual mampu nungtut ka Salakina salaku Maharja, tiawit kakandungan teu ngabejaan Parabu Kertawarman tugnepi ngalahirkeun putra lalaki, satutas ngalahirkeun Nyai Setiawati Tilar dunya.

Anaknya ku Ki Parangdami disebut Rakeyan da ngingetkeun ramana nyatana Maharaja tea. Nu engkena kawentar Rakeyan ti Sancang, sanggeus umur 50 taun anjeuna angkat ka tanah Suci Mekkah rek ngajajal kanuragan kasakten Syaidina Ali nu kakoncara di jamanna boga kasaktian elmu perang nu can aya tandingna.

Sumber lainna ngawawarkeun (640 M) Rakeyan Sancang teu sempat gelut begalanpati jeung Imam Ali tapi geus tiheula Sumerah eleh sabab teu bisa nyabut iteuk Imam Ali nu ngan neblok di keusik.

Tisaprak harita Rakeyan Sancang ngikrarkeun dirina asup Ageuman Islam jeung bari terus guguru ka imam Ali bin Abu Thalib.

Di basisir kidul wilayah Tarumanagara (Cilaut'eureun, Leuweung Sancang jeung gunung Nagara) lalaunan Islam diwanohkeun ku Rakeyan Sancang nu waktu harita ngageum sareat islam masih dè'èt pangartina.

Usaha Rakeyan Sancang menyebarkeun Islam kadèngè ku Prabu Sudawarman (waktu harita sakabeh Raja Tarumanegara disebut Siliwangi), nudi sangka ieu ajaran di irong bakal ngaganggu stabilitas pamarentahan, nya antukna perang Rakyan Sancang jeung balad Karajaan nu waktu harita dipimpin ku Senapati Brajagiri (anak angkat Sang Kretawarman).

Rakeyan Sancang unggul, Prabu Sudawarman sempet kabur nudi udag2 ku Rakeyan Sancang, tapi susuk konde Rakeyan Sancang murag laju gelut reureuh nu akhirna pancakaki antara Rakyan Sancang jeung Raja nu antukna di aku yen Rakeyan Sancang anak Sang Kretawarman.

Tina Peristiwa ieu kawentar kaluar carita Rakyan Sancang ngudag ngudag Prabu Siliwangi rek di Islam-keun.

Carita Rakeyan Sancang ieu mangabad abad kaguar deui, basa Raden Walangsungsang ti Carubon nagari walungan Cimanuk tugnepi ka hulu walungan turta mangihan pedang nu disebut-sebut minangka pedang Nabi Muhammad SAW, pedang eta nu boga Rakeyan Santang atawa Kean Santang, pamasihan Ali bin Abi Thalib nalika mentuan Ali tina peperangan nangtungkeun Syariat Islam,

Walahualam

0 komentar:

Posting Komentar

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.