Istilah Pancakaki
Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.
a. Rundayan atawa Turunan
– anak => turunan kahiji.
– incu => turunan kadua, anakna anak.
– buyut => anak incu.
– bao => anakna buyut.
– janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao.
– kait siwur => anak janggawaréng.
b. Ka luhur
– bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung.
– indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
– aki => bapana indung atawa bapa.
– nini => indungna indung atawa bapa.
– buyut => indung/bapana aki atawa nini.
– bao => indung/bapana buyut.
– janggawaréng => indung/bapana bao.
– kaitsiwur => indung/bapana janggawaréng.
c. Ka gigir
– adi => dulur sahandapeun
– lanceuk => dulur saluhureun.
– emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki),
– bibi => awéwé adina bapa atawa indung.
– ua => lanceuk bapa atawa indung.
– alo => anak lanceuk.
– toa => anak adi.
– kapiadi => anakna emang/bibi.
– kapilanceuk => anakna ua.
– incu ti gigir => incuna adi
– aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.
– nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
– ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini.
– emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki)
– bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini.
d. Istilah Séjénna
– adi beuteung => adina pamajikan/salaki.
– dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.
– dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa.
– indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang.
– bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir.
– anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
– dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré.
– cikal => anak panggedéna.
– pangais bungsu => lanceukna bungsu.
– bungsu => anak pangleutikna.
– baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
– teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan.
– bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér.
– dulur pet ku hinis => dulur teges.
0 komentar:
Posting Komentar