Kacap “Sunda” mimiti di ucap deui Nalika kumawasa-na Maha-Raja Purnawarman, Raja nu ka 3 (tilu) di Karajaan Taruma-Nagara abad ka 3 – 4 Masehi, nyaeta Hiji Karajaan Badag sa-Dunya minangka tuturus Maha-Raja Sunda (Shindu/ Raja Gunung Sunda 5000-4000 SM ), nu kakoncara di jamana.
“Sunda-Pura” nyaeta ngaran hiji kota waktu jaman harita. Nya di kota ieu Karajaan Tarumanagara ngadeg ngieun Karatuan/ Karaton. Nu kiwari ieu Karaton loba anu ngaku ayana, mangga sadayana oge teu aya nu ngalarang, ieu mah asumsi Kuring pribadi jeung teu ngalibetkeun Paguyuban, sabab ieu Karatuan dingaranan “Sri-Bima Punta Narayana Madura Suradipati” jumeneng-na teu jauh jeung walungan Ci-Tarum, mantak nagara-na di Aranan Tarum-Nagara.
Ieu Karaton/Karatuan jumenengna di Kuta-jati kiwari, (Bukit Butek/Kuta Tandingan Karawang), nu terus ka sohor sadunya katelah SUNDAPURA. Ngaran Sundapura ieu mimiti diwanohkeun ku Maharaja Purnawarman taun 397 M.
Ngaran kota/Pura ieu nu nga’ilham-man Maha Raja TARUSBAWA (Raja SUNDA minangka nu kumawasa ka 13 di Tarumanagara), sabab pangaruh Karaja’an Tarumanagara keur surem pamorna waktu harita, nya tiharita Karajaan Tarumanagara (To-Lo-Mo Ceuk Bangsa China) ganti ngaran jadi Karajaan Sunda 670 M.
Kota Sundapura mangrupa Ibu Kota karajaan 1 (kahiji) nu aya di wewengkon Paparan Sunda, Harita Paparan Sunda teh nyaeta (Pulo Jawa, Sumatra, Kalimantan, Bali, Lombok, Malaysia, Brunai, Philipina, Laos, Kamboja, Myanmar, Vietnam, Jrrd nu ayeuna jadi Benua Asia tenggara) tapi Sulawesi/ Celebes jeung Papua kiwari teu ka’asup Paparan Sunda,
Palabuhanana nu kasohor waktu harita nyaeta palabuhan Sunda-Kalapa. Minangka Patilasan kerajaan Tarumanagara nu kiwari masih aya keneh mangrupa prasasti Batu tulis di Bogor, prasasti Ciareuteun, jeung Candi Jiwa nu aya di wewengkon Kecamatan Batujaya jeung Kacamatan Cibuaya.
Raja-raja Tarumanegara:
1. Jayasingawarman 358-382 M
2. Dharmayawarman 382-395 M
3. Purnawarman 395-434 M
4. Wisnuwarman 434-455 M
5. Indrawarman 455-515 M
6. Candrawarman 515-535 M
7. Suryawarman 535-561 M
8. Kertawarman 561-628 M
9. Sudhawarman 628-639 M
10. Hariwangsawarman 639-640 M
11. Nagajayawarman 640-666 M
12. Linggawarman 666-669 M
Cag heula……………..
Minggu, 16 Oktober 2016
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
PUPUHU

- Encum Nurhidayat, SP
- Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.
0 komentar:
Posting Komentar