![]() |
"Obrolan di basisir Sawarna" |
Tisaprak jaman Nabi
Adam Nu Arana si "ETA" moal eureun ngaganggu atawa ngabelotkeun
Akidah ka Bani2/turunan Adam/SUNDA, (Sumpah Si Eta Sampe Bani Adam Akhir
Jaman).
Targetna nyaeta
kaTauhidan (Peng'esa'an) Alloh, Bani Adam sampai fase NUH di punahkeun (ku
Ca'ah badag) sabab kasombonganana tina ngawangun bangunan anu Aheng seperti
Pupunden (Gunung Padang) nu mungkin teu kaudag ku teknologi jaman kiwari, Umat
Nabi NUH punah di sesakeun 80 pasang (Sakaol 40 pasang) tina pedaran katerangan
Peradaban Gunung padang ngalaman 4 (opat) jaman nyaeta (25,000 SM, 12,000 SM,
4000-5000 SM, jeung 1400 M) dumasar ngukur tina Karbon taneuh lokasi situs
Pupunden, Jeung terus nyebar nyampe kiwari.
Si"Eta"
nebarkeun paham kamunafekan (nyesatkeun tapi teu kaciri sabab di poles ku
tradisi leluhur) kucara nyalenggorkeun tina Akidah penyembahan, pengkultusan
tokoh nu dianggap Agung saperti (Maha Raja Shindu La Hyang) mun dikawasan
Paparan Sunda (Sintho mun di jepang) Dewa RA mun di Mesir, kaluar adat sareng
kabiasa'an/budaya di tiap2 bangsa. jeung eta Kaum ngarasa aing pangbenerna eta
nu disembahna.
Ti saprak jaman NUH
(5000 - 4000 SM) loba Utusan Gusti
tiap-tiap kaum/bangsa sadunya, aya Sakaol jumlahna sampe ka 124.000
utusan/Nabi/Batara, kabeh eta utusan ngajarkeun Nunggalkeun/KATOHIDAN
(Peng'Esa'an Tuhan).
Jaman Nabi NUH, Si
"Eta" tetep nyalenggorkeun Bani Adam?Sunda make Modus pengkultusan
sesembah ka sasama Manusa jeung Ngieun Berhala-berhala/ Arca (Catatan: Lain
patung nu nilai estetika/seni) tapi berhala anu di sembah jeung nudi puja-puja)
jeung manehna (si"Eta) tetep milih utusan ti Bani-bani Adam/ Sunda/Manusa.
Nepi ka fase Nabi Ibrohim/Brahma/Abraham (1800 SM) ngancurkeun Berhala nudipake
sesembahan Umat jaman harita, mun di Nusantara jaman Galuh purwa (taksiran
hehe... hampura).
Ajaran Maluruh
Kamanunggalan Gusti (Ardhi) satiap wewengkon beda-beda, nya kitu deui kanjeng
Nabi Ibrohim nu tadina nganggap Bulan (Purnama), panon poe (Hyang Manon) Dewa
RA (Seuneu) jrrd eta teh nu kawasa HYANG nu akhirna manggihan kaTauhidan ku
jalan tatapa/tafakur nutuluy meunang Wahyu atawa wangsit (ceuk urang sunda) ti
Gusti/ Hyang, nu antukna nerapkeun ajaran Katauhidan waktu harita (Monotaisme)
Manunggal Gusti (Tauhid).
Jaman nabi Ibrohim
utusan si "Eta" nyaeta Rajana sorangan nyaeta Nabrud/Namroz, sampe ka
dibeuleumna Ibrohim harita ku Namrud, supaya ngeureunan faham
Monotaisme/penyembahan satu tuhan/Esa.
Istri Nabi Ibrohim nu
di catat di Al-Qur'an aya dua nyaeta Sarah sareng Hajar nupada-pada gaduh putra
masing-masing hiji, tapi Kuring mendakan deui hiji carita/catatan nu aya di
Kitab Injil Bab Perjanjian lama yen selain Sarah sareng Hajar, Nabi Ibrohim
ngagaduhan deui istri nu namina Siti KETURAH nu ngagaduhan putra 6 (genep)
urang nu nyebar ka Benua Asia/ Buana Panca tengah (Katimur). Eta ka genep putrana Ibrohim dipasihan
pakakas sareng tulisan/buku nu diamanatkeun ku kanjeng Nabi ka pala Putrana...
Dina tulisan eta kitab
yen Nabi Ibrohim kawas wanti-wanti pisan jeung dareuda ngawejang putra-putrana,
hal ieu nunjukeun amanatna kalintang pentingna (ngan hanjakal amanat eta teu
ditulis di kitab injil). ieu tulisan nu ku kuring dikutip "Ketura (bahasa
Ibrani: קְטוּרָה, Ktura ,Qəṭûrā, artinya "dupa atau kemenyan"; bahasa
Inggris: Keturah) adalah istri ke-3 (atau gundik[1]) Abraham menurut Alkitab
Ibrani dan Perjanjian Lama Alkitab Kristen.[2] Abraham mengambil Keturah
sebagai istrinya setelah Sara meninggal[3] dan sebelum Ishak dan Ribka/Hajar
mempunyai anak, sebab Ribka/Hajar pada mulanya dianggap mandul[4] dan baru
melahirkan anak-anak ketika Abraham berusia 160 tahun (Ishak berusia 60
tahun)"
Tiharita
peradaban/Kabudaya'an kawas ditarik kabeh ka wilayah timur sareng bangsa
eropah, kabeh pada ngaku kabudayaan manehna nu pangkolotna atawa pangheulana,
Yunani ngaku peradaban manehna taun 7500 SM, Mesir ngaku peradabana 5000 SM,
suku Maya (benua amerika 500 SM) wah pokona maranehna ngarasa pang-pang na
lah...
Harita nalika di Timur
tengah (Israel ayeuna) kawentar aya utusan Alloh nu Namina Nabi MUSA (1527-1407
SM) Musa bin Imran bin Fahis bin 'Azir bin Lawi bin Ya’qub bin Ishaq bin
Ibrahim bin Azara bin Nahur bin Suruj bin Ra'u bin Falij bin 'Abir bin Syalih
bin Arfahsad bin Syam bin Nuh sareng Nabi Harun nyiarkeun Ageuman Tauhid
tuturus ti Nabi Ibrohim, anjeuna di Kacaukeun ajarana ku SAMIRI (tingali di
Al-Qur'an, Surat Al- Baqoroh), umatna dititah deui nyembah ka Patung Sapi nu
digieun tina Emas, ti harita kacau deui ajaran Katauhidan di Timur tengah,
benten jeung Urang Sunda, tetep eksis jeung paten nyembah SangHyang Tunggal nu
aya di Buana Nyungcung. tapi ritualna make adab atawa tatali paranti karuhunna
baheula.
(Catatan : Nabi-nabi
sa'acana Kangjeun Nabi Muhammad/ Ahmad di utus can aya persama'an penyembahan
ka Gusti, satiap Bangsa ngan diutus Nabi jeung Bangsa na wungkul.)... jadi ulah
aneh setiap Bangsa beda-beda praktek nyembah ka Gustina, sabab can aya Nabi/
Rosul Pemersatu.
Tah nu arana
Iblis/Haris/Lucifer teh boga Duta/wali/utusan di masing-masing Bangsa, modus
operandina beda-beda, termasuk di wilayah Sunda. aya secara terang-terangan aya
secara nyamuni (nyumput dinu ca'ang)....
#Cagdeui....
0 komentar:
Posting Komentar