RA mangrupakeun
Silib-siloka atawa simbol SANG HYANG TUNGGAL nu ngajadikeun titik
orientasi pa-nyembahan ka Gusti Nu Maha Tunggal / Tuhan YME, nu di
aplikasikeun dina KETATA-NEGARAAN.
RA oge mangrupakeun identitas
bangsa Indonesia keur jaman baheula disebut oge minangka BANGSA MATAHARI
atawa NEGERI MATAHARI, para panalungtik Barat/ Eropa sok
seringnyebutkeun BANGSA ARYA.
Sebutan DWIPANTA-RA mangrupikeun
rarangkai atawa gabungan babaraha kecap nu dicokot tina rangkai atawa
pola lentong basa SANG SA KERTA nyaeta :
DWI = Sapasang (2)
PA = Tempat
NA = Seuneu
TA = Gerak kahirupan
RA = Bangsa Panon Poe/Matahari
Maka, arti kecap DWIPANTA-RA nyaeta: "Sapasang Tempat seuneu Gerak Kahirupan Bangsa Panon Poe/Matahari" .
Jaman DWIPANTA-RA ayana diantara jaman SWARGANTA-RA jeung NUSANTA-RA.
Ngan masih susah nangtukeun waktu/Kala atawa mangsa-na, ngan diduga
ayana sawaktu ngabeledagna Gunung-gunung seuneu di wewengkon urang, mun
ditingali tina waktu (time line) bisa dirundaykeun saperti kieu :
0. Jaman Purwa-Naga-Ra... (?)
1. Jaman Dirgantara (kawasan Gn. Bataraguru / Dn. Toba)
2. Jaman Swargantara (kawasan Gn. Karakatwa)
3. Jaman DWIPANTARA (kawasan Gn. Tangkuban Parahu)
4. Jaman Nusantara (kawasan Gn. Brahma / Bromo)
5. Jaman Re-Publik Indonesia (*seharusnya kawasan Gn. Agung - P. Bali)
Jaman Dwipanta-Ra dimimitian di daerah Jawa-Barat sa’tileum-na puser
Pamarentahan Kemaharajaan Swarganta-Ra di Selat Sunda akibat letusan Gn.
Karakatwa.
Saperti tina konsep ketata-negaraan sa’acana, maka
Puser Pamarentahan Dwipanta-Ra oge diadegkeun disabudeureun gunung nu
pang gede na jeung pang luhur na, nya pilihan repok jeung kawasan Gunung
Tangkuban Pa-Ra-Hyang (Hu) nu waktu harita masih ngaboga’an keneh
Puncak-na.
Jaman/Era Dwipanta-Ra di mimitian ku Maharaja Sang
Hyang Watu Gunung Ratu Agung Manikmaya (SITUMANG) anu ngieun konsep
"DWI-PA" ... (*konsep ieu aya kamungkinan para karuhun diajar tina
dampak meletusna gunung-gunung karuhuna, jadi ngieun dua konsep atawa
sistem katata-nagaraan). Nyaeta ayana system PA-RA-HYANG dan PA-DA-HYANG
atawa PARANG jeung PADANG.
Sang Hyang Watu Gunung Ratu Agung
Manikmaya ngadeug minangka RAMA keur sakumna nagara dina kakawasa’an
Kemaharajaan Dwipanta-Ra make simbol TRI-SU-LA-NAGA-RA nu intina
ngabogaan konsep ketata-nagaraan RESI-RATU-RAMA-SANG HYANG (SITUMANG)
jeung cicirena aya di Bukit Tunggul (Bukti Unggul).
Waktu harita
nu nyekel Kakawasaan pangluhurna nyatana Maharatu Resi Prabhu Sindu
La-Hyang nu ngageugeuh di Alengka Dirja (sekitar Cicalengka).
Prabhu Sindu La-Hyang ngagaduhan dua katurunan :
- Galuh Kandiawati nu gaduh gelar DEWI MA-HYANG SUNDA (Dewi Mayang Sunda/ Dayang Sum-bi).
- Jalu Kandiawan nu ngagaduhan gelar DEWA TA-CENGKAR (Ratu Kendan / P. Jawa).
GALUH KANDIAWATI nikah sareng PANGERAN WISNU GOPA ngagaduhan 5 Katurunan :
1. Sang Hyang Nandiswara
2. Sang Hyang Gargha
3. Sang Hyang Purusha
4. Sang Hyang Putri Maistri
5. Sang Hyang Puntajala
Sakabeh katurunanana kawentar/ kakoncara ku landihan PANCA PUTRA SUNDA
(Panca Kusika / Panca Dewa / Pandawa) nu nyepeng misi atawa maksud
nyebarkeun konsep tata-nagara kahayang Karuhun DWI-PA. di jaman ieu
konsep kenegaraan PA-RA-HYANG dimimitian nyebar sa-buana nu diemban/ ku
sakabeh GURU HYANG (Sang Guru Hyang) jeung urang Sunda leuwih wawuh kana
arana SANGKURIANG :
- Ja-Ambu Dwi-Pa (Jambu Dwipa) di wilayah PA-RA-HYANG puserna di La-Ambu Hyang (Lembu Hyang atawa LEMBANG).
- Jawa Dwi-Pa Puserna di wilayah Gn. MERAPI
- Su-Waruna Dwi-Pa di Su-Ma-Ta-Ra puser pamarentahana di sekitar Gn. MARAPI - Pariangan daerah Pa-Da-Hyang / Padang BUKIT TINGGI.
- Simhala Dwi-Pa di wilayah Su-La-Wesi sekitar pegunungan Bawakaraeng (BA-WA-KA-RA-HYANG).
- Baruna Dwi-Pa di wilayah Baruna atau Borneo atawa Brunai (Kalimantan)... diduga ayana di sekitar kawasan BUKIT RAYA atawa Bukit Agung.
PA-RA-HYANG mangrupakeun puser (inti) pamarentahan,
PA-DA-HYANG ngarupakeun wilayah ngalega’ana daerah ajaran SUNDA nu
ngawasa’an nyampe AFRIKA - INDIA - CINA - JEPANG bahkan asup sabian
wewengkon EROPA.
Jaman kajayaan DWIPANTARA lumangsung +/- 10.000
taun lebih, jeung pugag di jaman kakawasa’an Maharaja Resi Prabhu Air
Langga, sabab aya parobahan politik akibat kamajuan jaman atawa kemajuan
satiap nagara nu haying leupas tina kakawasa’an Kemaharajaan
Dwipanta-Ra.
Satutasna rengse jaman Dwipanta-Ra maka 'Indonesia'
ngasupan jaman Nusanta-Ra nu dimimitian ku Raden Wijaya (Jaka Susuru).
Tapi kakawasa’ana nyempitan teu kawas Karuhuna kakawasaan Nusantara
legana saperti nu jadi Nagara Indonesia kiwari.
Rahayu...!
0 komentar:
Posting Komentar