Tampilkan postingan dengan label HIKMAH TI KUTA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label HIKMAH TI KUTA. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 23 Februari 2019

WARUGA

0 komentar

WARUGA KIWARI DAUR ULANG TI KARUHUN...

KURING TETEP NU KAWASA-NA TINA WARUGA TITIPAN

NU NGANCIK (HAWA-HAWA TI KARUHUN) WADAHNA TETEP WARUGA....

KASALAMETAN WARUGA GUMANTUNG KAWASANA KURING NU DI BANTU DULUR NU OPAT...

NU LILA NGALALANA DI IEU DUNYA LAIN KURING_NA, TAPI IEU WARUGA TINA DAUR ULANG WARUGA KARUHUN...

KURING NU ANYAR NGUMBARA DI IEU DUNYA DIPERCANTEN NGAWASA'AN IEU WARUGA HASIL DAUR ULANG TEA...

KUSABAB WARUGA IEU GEUS PANJANG LALAKONA DI IEU DUNYA TANGTUNA GEUS APAL KANA HAWA-HAWA NU AYA DISABUDEUREUNANA...

NGAN KURING_NA KUDU BISA SA'DZAT-KEUN IEU WARUGA NU DIBANTU KU HIRUP-NA TI GUSTI...

MUN CAN SA'ADZAT TANGTU BAKAL PASALIA ANTARA "KURING", "WARUGA" JEUNG NU "HIRUP" IEU...

NU BALUKARNA "KURING" BAKAL NABRAK TINA UGERAN NU GADUH HIRUP,.. SABAB WARUGA PASTI MAWA KAREP SORANGAN KU HAWA-HAWA NA...

"KURING" KUDU BISA NYUPIRAN IEU "WARUGA"

SABAB KURING GEUS DIBERE KAWASA JEUNG IJIN_NA (HIRUP TEA) KEUR NYUPIRAN IEU WARUGA...

KI RASA

Read more

Minggu, 23 Oktober 2016

AJI SASTRAJENDRA RAAYU NINGRAT

0 komentar
Tulisan Nu Maha Agung, tegesing bahan salamet di sakabeh Alam jeung Jaman katut anu ngajamananana, lamun bener migawena.

SASTRA
Hartina tulisan, sakabeh anu dumadi, anu kumelip di Alam dunya, estu geus hurup teu aya cawadeun-nana, sarta kabeh kersana Nu Maha Agung, anu matak bangsa urang ti jaman Karuhun mula geus percaya sarta muji ku milampah kahadean sangkan diri jeung lianna (pangeusina dunya) pinanggih jeung rahayu.

JENDRA
Hartina wujud ayana Nu Maha Agung teu bisa dipapandekeun sanajan jeung naon-naon oge, ari bangsa urang percaya yen ayana Wujud Nu Maha Agung (Hyang Agung) nya eta ku ayana Para Hyangan anu teges asalna ti Hyang Agung tea.

HYANG
Hartina Abdi Gusti (nu asal ti Gusti). Para Hyangan hartina Abdi-abdi Gusti nu arasalna ti Gusti. Gusti teh asalna Abdi Gusti sadaya.

Nu nyaho sarta nyaksi yen Gusti teh Wujud anging Abdi anu wujud tur tetep Wujud di WujudNa.
Nu nyaho sarta nyaksi yen Gustina teh : henteu dat, henteu sipat, henteu arah jeung henteu anggon, (laesa kamisilihi?). Anging Abdina anu teu dat, teu sipat, teu arah jeung teu enggon (billa haeffin billa makanin ?)

Saha ari Abdi teh ? . . . Nu ngabdi ka Gustina !
Saha ari Gusti teh ? . . .Nu Maha Agung !
Saha anu nyaksi sarta nyaho yen Gusti teh Wujud ? . . . Abdi-Na !
Saha anu uningaeun ka Abdina ? . . . Gusti !
Kumaha nyatana yen Wujud-Na ari Gusti ?
Ari kanyataannana mah di Abdi-Na (nu wujud di Gusti).
Ari Wujud-Na mah kunyata Murba-Na !
Kumaha nyatana jeung kumaha Murbana teh ?
Gusti teh Hyang Agung, nu jadi asal Para Hyangan !
Hyang Agung teh nya hyang Widi (Anu Kuwasa) bukti: Kawasana dimana-mana !
Hyang Widi teh nya Hyang Suksma (Anu Kersa) bukti : Kersana di Hirup.
Hyang Suksma teh nya Hyang Manon (Anu Uninga) bukti : Uninga sakarep-karepna !
Nya Hyang Agung asalna Para Hyangan, Hirup-Na hanteu nganggo napas, Rungu-Na hanteu nganggo cepil, Ningali-Na hanteu nganggo soca, Ngadika-Na hanteu nganggo baham.

Anu matak Para Hyangan mah :
tara mi-Allah ka: Pangeran anu diuk dina korsi gading
tara mi-Rasul ka Nu sok maot
tara mi-Kitab ka Nu sok soeh
tara mi-Malaikat ka Nu jangjangan
tara mi-takdir ka Nu alah-alihan
tara mi-Milu ka Nu sok paeh (rusak)


KURING DI DUNYA NGUMBARA

Pangumbaraannana nyaeta ieu Dunya gede (Kabir). Sanggeusna Kuring aya di pangumbaraan lila-lila Kuring boga kanyaho serta nyaksi kaayaannana  sabagian tina ieu dunya gede,  ari parabot kuring pikeun nganyahokeunnana nya make diri (badan anu kumplit sarta sehat), saperti :

Panon keur kuring nenjo dunya
Ceuli keur kuring ngadenge dunya
Sungut keur kuring ngomong dunya
Irung keur kuring ngambeu dunya
Leungeun keur kuring barang cokot dunya
Suku keur kuring leumpang di dunya

Jeung sajaba ti eta estu pepek kersaning Nu Maha Agung mi-asihna ka kuring, maparin bekel keur waktu kuring ngumbara di dunya gede (Kun paya kun).

Ngan bae sanggeus kuring boga kanyaho sarta nyaksi kaayaan dunya jeung adat istiadatna, kuring wajib ngaraksa diri nu jadi gids (bekel kuring = pamajikan sapanjang ngumbara di dunya) Nyaho kana aturan Drigama sangkan salamet diri Tetep dina agama kuring sangkan kangaranan Innalillahi (pasrah ka Gusti kuring) Wa (jeung) Inna iIllahi rojiun (tunggal jeung Gusti)

Drigama mah keur umum ari agama  keur Para Hyangan (anu teu umum)


 PERINGETAN KURING KEUR KURING !

Ari harti Agama nya-eta patokan nu tetep, nu teu beunang dirobah deui, mun dina basa Arabna nyaeta takdir ti nu Maha Suci nu geus teu bisa diongget-ongget deui.

Seuneu sarerea asalna ti Panon-poe.
Cai sarerea asalna ti Laut
Napas  sarerea asalna ti Angin
Taneuh sarerea asalna ti Bumi
Acina seuneu ngajadi daging
Acina cai ngajadi balung
Acina angin ngajadi kulit bulu
Acina bumi ngajadi saeusina badan

Daging-balung-kulit bulu  saeusina ayeuna geus ngajadi badan. Badan teh nya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana Badan urang  teh urang Dunya, sabab badan jeung sapuratina asal tina Dunya. Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kurin teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Badan teh aya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana badan urang teh urang dunya, sabab badan jeung sapuratina asal ti dunya.

Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kuring teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Ari Pangumbaraan nya ieu dunya! Dunya gede (dunya kabir).
Ari pamajikan (pangcicingan kuring) nya dina diri nu asal ti dunya tea, anu matak diri teh disebutna dunya leutik (dunya sagir).

Ari diri teh nyaeta parabot atawa nu nganteur kuring sapanjang aya di dunya gede, nepikeun ka waktu ieu kuring bisa boga kanyaho jeung nyaksina sakabeh nu kapanggih jeung karasa di dunya ku panganteurna diri, anu matak lamun kuring teu bisa mikanyaah ka diri nu geus nagnteur kana kahayang jeung nganteur salawasna ngumbara di dunya gede, atuh kuring teh kacida pisan erana, era ku dunya, era ku diri, komo kuring teh asal ti Gusti Nu Maha Suci, sok asa piraku mun talajak kawas anu asal ti setan.

Kuring ayeuna geus nyaho jeung nyaksi (Isun angawruhi lan Isun anakseni) : yen di dunya mah geuning disebutna oge alam papasangan, da bukti lamun aya kecap panjang, aya pondok, aya gede aya leutik, aya awewe aya lalaki, jeung satuluyna, anu matak pantes lamun keur waktu kuring aya di dunya mah kudu make kana kalimah kalih (kecap dua), cindekna bisa nyaho jeung nyaksina, nu kumaha nu disebut panjang jeung nu kumaha anu disebut pondok, jeung satuluyna.

Lamun kuring geus bisa misahkeun anu kumaha anu panjang jeung kumaha anu disebut pondok, eta hartina geus boga pamilih. Lamun geus boga pamilih, sarta milihna keur kasalametan diri jeung umum, kakara kuring disebutna geus bisa nyekel kalimah kalih, warisan ti luluhur urang baheula.

Ari keur milihna? nya-eta diri tea ! Lamun kuring geus ngarti yen parabotna keur milih teh, nya Diri kuring, atuh wajib kuring sarerea daek ngaraksa jeung merlukeun kaperluannana diri, sabab anu nyaho kaperluannana diri, boh laparna, ausna, nyeuri peurihna, genah jeung ngeunahna ngan kuring.

Tah sakur nu daek mikanyaah ka dirina eta hartina sarua jeung Nyembah ka Hyang Widi, ari any nyembah ka Hyang Widi, eta ngarana Sembah-Hyang.

Lamun kuring geus nyekel Kalimah-kalih (boga pamilih) sarta Sembah-Hyang (mikanyaah ka diri) anu tangtu bakal ngarti yen salamet teh jalanna lain wungkul ku diri sorangan, tapi ku sarerea, atuh kudu daek nulung kanu sejen (diri batur) sabab lamun euweuh diri batur, kuring di pangumbaran teh moal sugema. Lamun kuring geus nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu keu’eung, jeung nuduhkeun ka nu teu nyaho eta hartina sarua jung Ngaji Rasa.

Lamun kuring jeung diri sarerea geus marigawe kitu, di Dunya teh tangtu Rukun, munggah jadi hiji di Pangumbaran (Duna Gede = kabir) Baeth-ulah nu dijadikeun ku Kersana Pangeran Nu Maha Agung.

Tah kitu agama Para-Hyangan anu asalna ti Hyang agung! Hyang Widi nya Hyang Suksma, nya hyang Manon, tea. PARA hartina Sakur (sakabeh) HYANG hartina Nu asal ti Gusti. Jadi hartina Para-Hyangan teh, sakur/sakabeh nu asal ti Gusti, anu ayeuna baroga pamajikan (patempatan) dina diri (Sunda). Sunda (dunya sagir) nu asalna ti Pasundan (dunya kabir).

Pasundan Hirup !
Sunda teges Nu Hirup !
Mun Pasundan henteu hirup, moal aya pangeusina ! bau !
Mun Sunda lain nu hirupna tangtu Pasundan jadi leuweung loba sato galak !
Nu ngahirupkeun : Hyang Agung
Nu dihirupkeun : Pasundan
Nu hirup : Para-Hyangan
Nu hirupna : Sunda (teges)

PATOKAN PARAHYANGAN
1.       Kalimah kalih (boga pamilih)
2.       Sembah-Hyang (nyaah ka diri).
3.       Tulung tinulungan (nyaah ka diri batur)
4.       Ngaji Rasa
5.       Rukun

KAPERCAYAAN PARAHYANGAN
1.       Percaya tur nyaho ka Hyang Agung
2.       Percaya ka Kuring nu asal ti Hyang Agung, jeung prak migawe          
          cara anu Agung (Nata)
3.       Percaya ka nu karasa (luang)
4.       Percaya ka nu melekaken (ngahudangkeun) tekadna
5.       Percaya kana takdir (patokan agamana)
6.       Hirup taya anggeusna ! [Pasundan ti baheula tepi ka ayeuna              
         hirup, diareusian ku nu Hirup]
Read more

Senin, 10 Oktober 2016

MAHLUK GUSTI

0 komentar
MANUSA nyaeta Mahluk Gusti anu dipilih jadi Pamingpin jeung ngajalankeun sakabeh kawenangan Gusti di ieu Alam Fana (Ruksak), tangtuna ge "Manusa" anu ngajalankeun Kamanusa'anana,
JIN nyaeta Mahluk Gusti nu teu dipasihan Materi/Raga badag nu tugasna Ibadah ka Gusti (sarua jeng Manusa) hirupna masih di ieu Alam Dunya (fana) ngan lain di dimensi Material.


SETAN nyaeta Golongan "Karakter" Mahluk Gusti nu mawa mengpar ajarana pasalia jeung bebener Gusti, bentuk Mahlukna (Manusa Jeung JIN).


SILUMAN nyaeta : Golongan Mahluk Gusti anu Mungkir atawa embung ngaku kana Jiti-diri_na jenis mahlukna/ asal mahlukna (Manusa+JIN) ieu bisa disebut DUTA/Perwakilan si ETA.


RIRIWA nyaeta Spam/Runtah (sesa Program) Nafsu Manusa nu katinggaleun di ieu Dunya, biasana mangrupa Aura atawa Frekwensi Signal negatif/positif. Ririwa loba jenisna (Jurig, Kuntilanak, Sundel bolong, Jrrd)


KHODAM/JONGOS/BADEGA nyaeta Mangrupa Mahluk Gusti nu di Cipta kangge ngabantuan Manusa keur ngabelaan kahirupanana di Dunya, Jenis Mahlukna (JIN+Malaikat). contona : Nu kiwari ku urang Loba di pake jeung ngobrol jarak Jauh saperti (telepon, radio, TV, Internet Jrrd).
MALAIKAT nyaeta Mahluk Gusti Nu tugasna ngajalankeun sagala Kaperluan Kahirupan (Bisa disebut Panitia, Nayaga), supaya Prungna ieu kahirupan bisa ngajalur saluyu jeung PROGRAM/Mindsett Gusti.


DUNYA nyaeta Hiji Alam atawa Dimensi/tempat jeung ngajalanan hiji Tugas ti Gusti, jeung sakumna Mahluk Gusti Boh, Manusa, Jin.
Sadaya Nu kumelendang boh ti Dimensi/Alam Goib pon kitu deui di alam Majaji/Maujud eta nu Mingpin MANUSA. di dieu Kawasana Manusa...
Hiji Kapercaya'an Gusti ka Manusa jeung Ngawenangan/Mingpin di Alam Dunya ieu bisa ditingali ku Mercayakeun ASMA_NA ka Manusa "BISMILLAHI-ROHMANI-ROHIM... salah sahiji Kapercayaan nu Universal.
Tah ku kituna "Nikmat Numana deui nu Kudu di Pungkir..."


SUBHANALLAH WABIHAMDIHI....


RAHAYU.
Read more

== KURUNG-KURING ==

0 komentar

Keur Ageuman KURING...
Sabab KURING asal ti SIFAT Gusti (Dzat)
Nya atuh puguh KURING mah wawuh Jeung Gusti_Na
sabab KURING asal ti GUSTI.



Anapon kiwari KURING dipercanten GUSTI kawasa ka KURUNG
Nu asalna ti SARI-PATI KARUHUN nu asalna urang Dunya (AF'AL)
Kahayang KURING jeung kahayang KURUNG sok Pasalia...
KURUNG sok paciweuh ka hayang_na da KURUNG panjang jalan hirupna tug Nepi ka jadi KURUNG-KURING kiwari.



KURING sok poho... rarasa'an teh KURUNG teh KURING... nupadahal KURUNG jeung KURING dua Mahluk Gusti nu dihijikeun ku KUDROT - IRODAT (RUHUL-HAYAT), Nyatana Nu KAWASA jeung NGERSAKEUN.


Sajarah minangka benang beurum atawa panuduh keur KURING ngalacak asal KURUNG... supaya KURING nyaho kana Karakter, Tabe'at, Kahayang, Kabiasa'an, jeung Adat KURUNG. nu akhirna KURING bakal apal jeung saluyu/sapagodos jeung kahayang KURUNG... ngan kade KURUNG sok loba kahayang.. KURING kudu tetep bisa Nyupiran KURUNG... Ulah tibalik fungsi, malah KURUNG nu nyupiran KURING.....
Read more

RENUNGAN DIRI TI PAGUYUBAN KUTATANDINGAN

0 komentar
 
AIPTU. MAMAN BRAJADIGIRI
" Wit siji woh loro cabange papat kembange sanga godonge tanpa wilangan "


Wit siji manusia, kawitna hiji jadi merebak kamana mana, woh loro sipat papasangan aya beurang aya peuting aya ambewe aya badot aya bikang aya panjang aya pondok, Cabange papat : di alam dunya aya kaler kidul kulon wetan , di manusa aya "Amarah, Mutmainah, lawahamah jeung sawiyah 


Kembange sanga : hirup urang kudu jiga kembang seungit pikaresepeun batur maka kudu niru akhlak ulama wali sanga, kudu niru akhlak Rosul,  "Alulama warosatul anbiya" ulama penerus nabi, kudu bisa habluminalloh habluminanas ,, 

Godonge (dauna) tanpa wilangan hartosna urang kedah tiasa dipikaresep ku mahluk sadayana ku umat sadayana ulah yuni tai manusia ningali urang tapi kudu mika welas mika asih kadiri urang ku kituna mangga urang ngamalkeun ajaran agama urang islam secara Kafah/keseluruhan 
 "fisilmi kaafah" sangkan hirup urang salamet dunya akherat...


Sakitu Ti Si Kuring Mugia Manfaat.

By.

Maman Sukmana Brajadigiri
Read more

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.

PUPUHU

PUPUHU
KI RASA

SEKJEND

SEKJEND
BONAN SANGGABUANA

NU GADUH ARTOS

NU GADUH ARTOS
KANG JAENUDIN, AR

EYANG SINGA

EYANG SINGA
NU NGAPING

Cari berita blog

DAFTAR

YANG SERING DIBACA

 
 PAGUYUBAN KUTATANDINGAN _ KARAWANG 2012    -PEMILIK-  KUTATANDINGAN email:encumnurhidayat@gmail.com