Rabu, 29 April 2020

CITI NU KUFU AYA DI KABUYUTAN SUNDA.

Kalimat buyut, sacara hafiah, bahasa, nya asal tina kalimat bayt, bait, hartosna imah/bumi tunggal,_ matakna hiji imah. 
Buy kalimat jamak, runtuyan, matakna _imah-imah/bumi-bumi._

Kalimat buyut numutkeun istilah, diwilahan urang Sunda, nya hiji runtuyan generasi kamanusaan: _Anak'Bapa-Aki-Buyut-Bao-Udeg2-Janggawareng-Tatalisiwur/kakait siwur._
 
Istilah buyut nya opat generasi kaluhur atanapi kahandap. Sumawona di patempatan nu sanes, masing daerah gaduh istilah kanggo nami silsilah turunan, Kahandap 7 turunan. 
Imah2 nu kawengku ku kabuyutan seu'eurna 40 suhunan. Di masyarakat adat Pariyaman, Padang aya nu disebat Rumah Gadang, bumi ageung, jumlah kamarna aya 40 rohangan, di warga dayak disebat Rumah Panjang/bumi panjang sami kamarna 40 rohangan,  kitu oge diwilahan adat nu sanesna. Kiwari disebat kampung adat (istilah panjajah,belanda). 

Dumasar kana kitab Gusti, kitab Suci Al-Qur'an, yen kalimat Buyut disebat 37x, kitu oge kalimat bait disebat 73x. Kaul Bagenda Muhammad SAW tur ahli baitna nu disucikeun mungguhing Gusti, yen nu disebat Tatangga teh nya 40 bumi, pami aya hiji nu maksiat ka Gustina, matakna 40 imah bakal kabarerang balaina, sabalikna, pami hiji imah kagunturan berkah matakna 40 imah bakal kalimpahan berkahna. 

Ningali kana sababara hal, saperkawis kabuyutan ditiap patempatan sok aya ciri nu janten pakem
1. Makam karamat, makam badag, panjang, nuduhkeun yen ningapimilik makam nyatana nu janten Tetengger, nu mitembian, ngawitan, ngababakan, ngahirupkeun eta patempatan. 
2. Cai kahuripan, nu janten huripna pikeun kahirupan warga kabuyutan, tangkal awi nu aya disabudereun cai kahuripan, rupa-rupa awi , utamana haur koneng, hejo, tamiang. Disarungsum ku tangkal hanjuang, tiwu hideung, honje, kimunding. Tangkal nu baradag nya kiara jeung caringin. Kekembangan, ros berem jeng bodas, malati, kacapiring, campaka, kananga, tanjung, tur cangkok vijaya kusuma. Sarupaning kembang nu mere seungit ka warga jeung patempatana. 
3. Balairung, bale, pasewakan, tempat ngumpul, ngariung, sadaya warga pikeun sawala, nyawalakeun bag-bagan kahirupan nu diaping ku pupuhu kabuyutan. 
4. Leuit jeng lisung. 5. Ayana leuweung larangan, leuweung tutupan, leuweung garapan. 
6. Ngarawatan situ, urat-urut cai, susukan, walungan, wahangan. Cindeukna bisa ngabuka sawah pikeun melak pare, _Sripohaci._
7. Ngarawatan tur neruskeun piagam Madinah, papagon, sumpah satia pikeun hirup sauyunan, tur silih mikaheman, ngalaku silih asih, asah, asuh, silih wawangi kapapada manusa nu kumawula ka GustinaNa.



Rahayu


    Cag
🙏🙏🙏

0 komentar:

Posting Komentar

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.