Rabu, 13 November 2019

WEDAL LAHIR SUNDA BUHUN

1. Senen (Soma) = Kembang
“Mentingkeun tetembongan diri, sok rapih. Loba dipikaresep ku jalma, berehan. Tapi, sok ‘asa aing, yeuh aing’, keukeuh peuteukeuh.”

2. Salasa (Anggara) = Seuneu
“Hade jiwa sosialna. Resep nulungan teu ningali sahana. Satia jeung hese beger deui. Tong wawanianan nipu jeung ngahianat ka manehna sabab gede tur goreng ambek jeung resep ngagede-gede masalah.”

3. Rebo (Buda) = Daun
“Cicingeun, kalem, ngawibawa, oge hade basa jeung laku. Lamun geus kenal deukeut, kanyaohan dirina teh sok ngabungahkeun.  Mikanya'ah ka kulawarga. Tapi, babari kabawa arus, gampil percaya kana omongan anu can tangtu bener. Paling anti dititah.”

4. Kemis (Raspati) = Angin
“Teu gampil putus harepan, sumanget gawena hade, tekun, giat latihan.  Sok teu betahan di imah. Kadang sok “ciga kacang poho kulitna”, loba omong, curiga'an.  Hadena tara ngadendam.”

5. Juma’ah (Sukra) = Cai
“Tenang, nyegerkeun, tapi oge sok ciga ombak, ngamuk. Cicingeun, tapi prinsipna “leuwih hade cicing daripada ngomong nu teu aya mangfa'atna.” Wibawana tingkat luhur jadi loba dipika kagum ku jalma. Tapi egois, keukeuh kumaha manehna, sok “asa aing, yeuh aing!” jeung sagala kahayangna kudu dicumponan.”

6. Sabtu (Tumpek) = Taneuh/Bumi
“Pisikna kuat, pendirianna oge, kokoh jeung kuat hate.  Cita-citana luhur jeung bèrèhan.  Moal asa-asa mere anu dipikaboga asalkeun bisa nulungan batur.  Gorengna, sok hayang nguasaan jeung ngaboga'an naon bae anu dipikaresep, rada ègois, jeung sombong.  Tapi teu gancang putus asa jeung leukeunan ikhtiar.”

7. Ahad (Ditè) = Mega/Langit
“Loba babaturannana. Pergaulanna luas saluas mega. Hade basa jeung laku ka sasaha. Pinuh sumanget gawe. Kurangna sok kamalinaan kana kasedih, sagala kahayangna kudu dicumponan, lamun henteu? Manehna bakal ngusahakeun ku cara naon bae.  Lamun soal cinta, manehna satia jeung lain tipe gampangan.”



🙏 Rahayu 🙏

4 komentar:

Anonim mengatakan...

Uing ahad wa..

Mas kos mengatakan...

Ieu blog urang bunder nya

Encum Nurhidayat, SP mengatakan...

Dubillah...

Ki Rasa mengatakan...

Muhun

Posting Komentar

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.