Kacaritakeun sawaktu Wadiabalad Pajajaran keur kadeseh perang nalika ngajagaan Karaton Sri-bima Punta Narayana Madura Suradipati (Pasir Benteng), Maharaja Pajajaran Prabu Siliwangi ngabagi balad Karaton jadi tilu golongan jeung nyalametkeun diri, Sang Prabu jeung baladna nyungsi ka daerah basisir Pantai Ujung Genteng Jampang Surade (Sukabumi). Di dinya Anjeuna ngieun Parahu jeung nyebrang ka Nusa Larang (ayeuna Pulau Christmas). Sawaktu parahu beres digieun laju dipake nyebrang, datang ombak dibarengan angin, hampir sarua kajadian Sunami ayeuna ngahantem parahu Prabu Siliwangi, nepi parahuna ruksak acak-acakan.
Kanjeng Prabu akhirna pasrah, sarta ngabebaskeun baladna keur marilih neangan kasalametan sewang-sewangan, sedengkeun Anjeuna Milih Moksa (Nga_Hyang). Di tempat sejen Putri bungsu Prabu Siliwangi nyaeta Dewi Purnamasari milih nyalametkeun dirina ka wewengkon Palabuhanratu (Sukabumi). Nyai Purnamasari jeung baladna ngieun panganjrekan nu lila-lila akhirna jadi hiji wewengkon kakawasaan sarua jeung Pamarentahanana nu katelah Palabuhan Ratu kiwari.
Laju Pemerintahanana dilanjutkeun ku Putri Bungsuna nyaeta Dewi "Mayang Sagara", nu dina taun 1555 M ngaganti ngaran ka karajaanna jadi Karajaan Pakuan Pajajaran Mandiri. salanjutna Karajaan ieu digempur ku balad karajaan Mataram nu harita geus ngawasaan daerah Sunda. Sedengkeun Putra Mahkota Pajajaran, Prabu Anom Kean Santang (Kumbang Bagus Setra) nyalametkeun diri na ke daerah sekitar Gunung Halimun Sukabumi, jeung nyamarkeun diri jadi Batara Cikal nujadi karuhuna atawa tuturus masyarakat adat Banten Pancer Pangawinan...
0 komentar:
Posting Komentar