Minggu, 09 Oktober 2016

SALAKA DOMAS DAN SALAKA NAGARA

Budaya/kabiasa’an “Sunda” geus aya antara 25.000 – 12.000 taun sa’acan Masehi, jauh leuwih kolot dibanding kabudayaan bangsa Mesir (6000 SM).  Tapi sa’encanna ngaguar hal ieu urang fahamkeun heula arti istilah “SUNDA” sama sakali lain aran etnis (suku) nu cicing di Jawa Barat, sabab Sunda mangrupikeun ngaran wilayah badag nu jumeneng kulantaran/musabab ayana ajaran “SUNDAYANA” (yana=ajaran) nu di syiarkeun ku Maharaja Resi Prabhu Sindhu-La-Hyang (bapak na Da Hyang Su-Umbi=Dayang Sumbi).  

Inti ajaranna Prabhu Sindhu atawa Sintho (di Jepang) jeung di India jadi HINDU (Hindus) nyaeta ajaran ‘budhi-pekerti’ jeung ketata-negara'an nudi sebut minangka La-Hyang Salaka Domas jeung La-Hyang Salaka Nagara.  Sebenerna nagara urang ngabogaan babaraha ngaran, ngan lolobana bangsa Indonesia (1945 M) nyaho ngan saukur ngaran “Nusantara” wungkul, padahal mimiti ngarana: “Dirgantara” terus “Swargantara” ganti deui “Dwipantara” sa’geus eta jadi “Nuh-santara” jeung ayeuna disebut “Indonesia”.  

Terus naon patula-patalina jeung pakarang nudi aranan Kujang? Jeung kunaon kujang dianggap leuwih kolot di banding jeung pakarang Keris? kunaon Kujang sering dikaitkeun jeung SUNDA? Kusabab eta urang kudu nyusun jujutan carita sajarah nagara urang lain ngan ngagugulung carita Mithos nu euweuh guna jeung kahirupan urang.  

Lumrahna ngagambarkeun pakarang Kujang sarua jeung ngagambarkeun Garuda Pancasila jaman kiwari. Artina : kujang sarua jeung lambang nagara nu ngabogaan arti/ makna intisari atikan Kanagaraan (ideology Bangsa) atawa Ageman (agama) bangsa.  Kujang mangrupakeun kias/simbol “Seuneu” (atawa Ra = Seuneu Kahirupan) jeung masarakat gunung (palataran luhur), jeung diwaktu nagara ieu meberkeun kakawasaan ngawujud jadi Karajaan Maritim, karak lahir wujud pakarang nu dingaranan “KERIS” minangka symbol “CAI” (Naga atawa dunya awewe/ indung/ Ibu Pertiwi). Singketna, Kujang minangka “Ra” jeung Keris Minangka “Naga”, didinya ngawujud konsep NAGA jeung RA, jeung urang ilaharna nyebut NAGARA atawa NEGARA.  

Jaman Dirganta-Ra (Wilayah seuneu kahirupan nu ngempur/bercahaya) artina Kujang dijadikeun simbol Batara Durga (Seuneu nu mere kahirupan).  Jaman Swarganta-Ra (Wilayah kahirupan mandiri nu ngempur/ bercahaya) ngandung harti Kujang = salaku simbol Panon poe/ Srengenge (Sang Hyang Manon).  Jaman Dwipanta-Ra (Kahirupan nagara cahaya kembar/Merah-Putih) ngandung harti Kujang = minangka simbol ajaran cahaya (Beureum/Seuneu/Srengenge) atawa Salaka Domas, jeung Keris = minangka simbol nagara Cai/Banyu (maritim) atawa Salaka Nagara nu ngandung harti lahirna konsep CAHAYA KEMBAR (Dwi) Naga jeung Ra nudi simbolkeun ku Kujang jeung Keris atawa Beureum jeung Bodas/ Merah dan Putih (Vertikal dan Horisontal). 

Dumasar kana hal eta Prabhu Air Langga (thn 1000 Masehi) disimbolkeun numpakan Garuda Wisnu (Menunggang seekor burung yang berdiri /bertumpu di atas Naga/ular) nu nyiratkeun jaman Banjaran Nagara.  Jaman Nusantara (Gerak/Kahirupan Manusa Cahaya) ngandung harti ngagambarkeun lahirna Panji Cahaya (Bende-Ra) minangka Lambang Nagara (bendara Merah-Putih).  

Salaku Nagara Maritim di era ieu “Keris” leuwih natrat/ dominan/ peranna di banding jeung “Kujang”. Di jaman ieu dikenal era Pajajaran Nagara Jaman Indonesia (konsep negara Re-Publik), kerajaan dibuburak/ diruksak di rampog ku Rakyat (Ra-Hayat).  Kujang = simbol Batara Durga = simbol Dewa Api = simbol Nagara Srengenge/Matahari = simbol Salaka Domas = symbol Merah = Horisontal Keris = simbol Dewa Air = simbol negara Maritim = simbol Salaka Nagara = simbol Putih = Vertikal. Nya kukituna makna “Bende-Ra” kacida patojaiah jeung “flag” (bhs. Inggris) sabab Merah-Putih nyaeta symbol/lambang kahirupan Ageuman jeung kanagaraan bangsa nu geus mampu nyiptakeun sistem tanda Nu agung. Kaunggulan jeung ka’agungan hiji bangsa dicirikeun kukamampuan maranehna/ bangsa_na dina nyiptakeun sistem ciri/tanda keur komunikasi, jeung bangsa urang geus ngalakukeun rebuan taun katukang ….! 


Pun Sapun…Paralun
Ka pupunclak Agung
Sang Rama, Sang Ratu, Sang Resi
Sabab geus loba anu nyambat ka Pajajaran
Kaula nyatur sabab Kujang geus aya anu neang..................CAG

0 komentar:

Posting Komentar

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.