Rumpaka kawih kaulinan barudak “Oyong-oyong Bangkong” sapuratina kieu :
1. Oyong-oyong bangkong
2. Kong parek ka nyambut
3. Buten buah beunying
4. Nyingsatkeun cawéné
5. Néang nu ngajuru
6. Runtag sajajagat
7. Gatrik tumapk munding
8. Dingklang ka landeuhkeun
9. Keuna kana jurang
10. Rangkék naék jambé
11. Béo ménta kéjo
12. Johar Waliu’llah
13. Laha dina bilik
14. Lika beunag nguseup
15. Seupan leunca ngora
16. Ratib ngan duaan
17. Anteur kula mulang
18. Langka munding bulé
19. Lédéh kahujanan
20. Nanjak mapay gunung
21. Nungtut jadi ratu
22. Tuan besar senang
23. Nangtang anu butuh
24. Tuhtah lir Tumenggung
25. Gung goongna ramé
26. Ménak kawas Dalem
27. Lempa-lempi lempong
28. Jalan ka Batawi ngemplong
Saur Mas Suréngkéwuh éta kawih “Oyong-oyong Bangkong” teh pangjurung ka anu tani sing suhud kana gawé, sing apik ka rejeki, sing bisa neundeun nepi ka kuat jarah ka Mekah kalawan sarat anu utama.
Ari maksud hiji-hijina omongan, cariosna kieu :
1. Oyong-oyong bangkong.
Samangsa-mangsa turun hujan sabadana katiga, tangtu loba bangkong disarada, maréma ku cai, tingsoloyong karokojayan sarukan-sukan.
2. Kong parek ka nyambut.
Éta ka anu tani jadi alamat, ngabéjaan téréh nyambut.
3. Buten buah beunying.
Dina mangsa éta buah beunying baruahan jeung parucukan, pantes baris deungeun sangu anu maracul, dicoélkeun kana sambel atawa pais oncom. (buten hartina leubeut)
4. Nyingsatkeun cawéné.
Biasana anu keur macul téh dianteuranana dahareun ka sawah ku anakna nu masih cawéné, da anu geus lakian mah ngawulaan salakina atawa dibawa pindah ka séjén lembur nya kitu deui pamajikanana ( indung budak cawéné téa) henteu sempeteun nganteuran ku manéh sabab urus-urus di imah jeung tunggu bisi aya jurujana. Eta budak nu nganteuran bapana téa ku sabab nyorang sawah anu anyar kahujanan sarta nu beunang malikkeun taneuhna, tangtu mapayna galengan bari sungsat-singsat sabab sieuneun kajeblogan sampingna.
5. Néang nu ngajuru.
Indit-inditanana éta budak disebutna deuk “néang nu ngajuru” tapi lain ngajuru medalkeun orok, ieu mah hartina téh “maculan juru-juru kotakan anu taneuhna teu kabalikeun ku wuluku.”
6. Runtag sajajagat.
Dina musim éta, sawah-sawah, ku diwuluku jeung dipacul, sakuriling bungkingna méré pasemon jagat tibalik.
7. Gatrik tumpak munding.
Teu meunang henteu ngadak-ngadak dirungrungan ku gatrik nyaéta jalak nu katelah ngaranna kitu ku sorana (gerak-gerik). Eta manuk ceuyahna ngan dina usum nyambut, karepna muru cacing jeung gaang nu kabawa ku taneuh beunang malikkeun téa. Kapeung-kapeungan éta manuk, sanggeus seubeuh baranghakan, sok eunteup dina tonggong munding paranti ngawuluku, anu keur nyatuan, bari gerak-gerik ngawawaas ka nu keur macul ngabéjakeun manéh geus amal ngabasmi cacing jeung hileud taneuh.
8. Dingklang ka landeuhkeun.
Mangké sanggeus rumpak jami, éta anu baroga sawah sok saruka-sukan, maén rebutan di hareupeun saung. Ari anu dipaké maén rebutan nyaéta tangkal jambé beunang nuar jeung beunang mangkas huluna (sintung katut mayang jeung daun-daunna), éta hulu jambé ngaranna dingklang.
9. Keuna kana jurang.
Euweuh deui pigawéeunana jaba ti keur nyaeuran jurang da didahar euweuh dahareunana, dipaké suluh najan geus tuhur ogé goréng teu cara barangbang kalapa.
10. Rangkék naék jambé.
Ari tangkalna jambe téh sanggeus diberesihan jeung dileueuran gajih, ditancebkeun di sawah hareupeun saung téa di luhurna digawingan ku encit atawa kadaharan tuluy ditaraékan.
11. Béo ménta kéjo.
Ku sabab mangsa éta maju kana panas, kajadianana bubuahan di kebon atawa di buruan kayaning cau atawa gedang bareubeu matak naker ngabibitaan ka béo atawa célémés. Eta geus tara salah deui dina musim éta téh loba béo ti leuweung ngaradon nyiar kahakanan ka tempat-tempat anu dareukeut ka jalma. Jeung deui ku sabab éta musim aya bulanna jadi béo téh loba nu ngaradon anakan dina tatangkalan anu dareukeut ka lembur. Ku urang lembur éta béo sok ditaréangan sayangna, diala anakna waraheun ngomong nepi ka sok bisa pok ménta kéjo jeung ngunikeun séjén-séjén omongan.
12. Johar Waliu’llah.
Béjana pamuntangan anu tani supaya salamet pelak paré nyaéta Nyi Sri (Déwi Sri). Baheula cék karuhun-karuhun anu masih kénéh nyekel agama Hindu éta Nyi Sri anu ngayuga kana hirupna jeung kana hirupna pepelakan. Tapi sabadana Hindu diganti ku Islam, loba ahli ngaji anu ngaharamkeun kana percaya ka Nyi Sri. Ngan baé papada kitu sabab geus maneuh kapercayaanana jalma ka Nyi Sri tuluy diganti ngaranna ku Johar sarta disebut “Waliu’llah”. Jadi ari peta mah éta Johar téh euweuh buktina nu puguh mah pameungpeun carang baé tamba diupat teuing percaya kénéh ka Nyi Sri ku nu arahli ngaji.
13. Laha dina bilik.
Kira tilu bulan deui kana waktu dibuat gawéna anu tani téh megarkeun lauk dina balong (kulah) atawa dina émpang anu gedé. Pikeun ngajaga supaya endog pegarkeuneun ulah dihakanan ku indungna éta lauk anu gedé téh émpangna dikurungan ku laha (widé). Mangké sabada dibuat burayakna (huripanana) dipindahkeun ti émpang ka sawah ngarah téréh galedé. Sanggeus éta burayak dipindahkeun, laha téh dicabut tuluy digulungkeun sarta tuluy ditangkodkeun di luar kana bilik imah atawa leuit.
14. Lika beunang nguseup.
Ku sabab mangsana jeung sabadana dibut dina mangsa katiga, walungan-walungan arorot sarta jelema tingkeceprek ngarala lauk di éta walungan-walungan, nu diparak nu digubyag, nu ku heurap nu ku useup. Ari nu matak lika pangkatotolna jadi carita sabab éta panggedéna jeung osok beunang téh ngan dina mangsa halodo baé malah ari aya nu beunang téh saméméh dipurak sok dipaké heula kagindingan, ditongtonkeun ka batur-batur salembur.
15. Seupan leunca ngora.
Tina apikna tukang tani kana duit, sabisa-bisa méméh payu anak lauk jeung paré mah, dalaharna nyarukupkeun manéh ku lauk beunang ngala ti walungan téa katut rupa-rupalalab. Ari leunca nu matak di dieu katotol jadi carita sabab sabadana dibuat éta nu pangceuyahna jeung pangmurahna.s
16. Ratib ngan duaan.
Lumbrahna tukang tani nu beragama, tina bungahna ku sabab sabada dibuat téa pinuh leuit pinuh goah gawéna di imahna téh muju ka Allah Ta’ala, nganuhunkeun kana piwelasna. Ari lumampahna kitu babakuna ngan paduduaan baé jeung pamajikan da éta kanca nu pangdeukeutna tur batur satarékat, mun Qadariah sarua pada Qadariah muin Naqsabandiah sarua pada Naqsabandiah.
17. Anteur kula mulang.
Tina silihasihna salaki jeung pamajikan turug-turug satarékat, gawéna mungguh nu ibadah silihpuntangan ku ajian, silihbaturan ku dina sajeroning maju kana pangbalikan, tegesna ka akhérat.
18. Langka munding bulé.
Sangkan tepung deui di akhérat, cék nu satarékat téh urang ayeuna sabot di dunya kudu sarua beresihna, sing makplak bodas kawas munding bulé teu kaselapan ku séjén-séjén pulas. Tapi jalma nu kitu téh langka, hésé disiarna anu sirna tina ma’siat.
19. Lédéh kahujanan.
Lédéh deui kanceuh deui teu kaur deuk béak dosa balas kahujanan gogoda.
20. Nanjak mapay gunung.
Kahéséanana ngajaga diri supaya ulah ma’siat ku kolot diupamakeun kana mapay gunung ngalénghoy bari ngarahuh, tegesna kudu bisa mengkek hawa napsu jeung mitumanan sabar sarta daék ngaririhan manéh kana amal hadé.
21. Nungtut jadi ratu.
Sangkan ulah mangpaung atawa katémbrong ku pangabutuh, ibadah téh kudu aya saratna. Tina kituna jalma téh kudu leukeun sing bisa ngaratu déwék nepi ka boga bahan jeung panakawan nu baris jadi tatalang raga.
22. Tuan besar senang.
Tangtu baé jalma téh samangsa-mangsa geus gedé bahan hayang nyenangkeun diri.
23. Nangtang anu butuh.
Tina geus cukup dahareun jeung hadé paké, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, mungguh bangsa muslimin tuluyna resep jajakat ka nu masakat, tutulung ka nu barutuh. Itikadna kieu : “Ulah poho kana kersaning Allah, pang ngayakeun ménak keur nulungan somah, pang ngayakeun nu beunghar keur nulungan nu mariskin. Sagala kagenahan moal langgeng lamun dipaké angkuh jeung hawek.”
24. Tuhtah lir Tumenggung.
Ni’matna nu beunghar, jaba ti boga kasukaan nu lumbrah nyaéta tuhtah, barangbéré ka batur agung kawas Tumenggung.
25. Gung goongna ramé.
Lumbrahna urang Sunda nandakeun suka liwat saking nyaéta raraméan nabeuh rénténg jeung degung, nyirikeun sagala geus boga, sagala geus cukup malah geus bisa méré ka deungeun-deungeun.
26. Menak kawas Dalem.
Péndékna pisan ngeunahna téh lir anu jadi Dalem diriung-riung dipunjung-punjung, da geus bisa nulung. Ari nu matak éta kangeunahan disaruakeun jeung kangeunahan nu Dalem lantaran di Pasundan pangkat Dalem téh pangluhurna.
27. Lempa lempi lempong.
Lantaran boga kangeunahan sakitu tangtu ati téh kacida ngemplong, teu kaweur ku pangabutuh, tinggal lungguhna tinggal timpuhna, sing alus kajeueungna ku batur.
28. Jalan ka Batawi ngemplong.
Panungtungan karep bangsa Islam boh nu tani boh nu dagang samangsa-mangsa geus sagala boga komo mun geus kuat barangbéré ka batur teu aya deui ngan munggah haji. Ari nu matak Batawi nu katotol sabab baheula, saméméh Cirebon jeung Indramayu dijieun palabuan, sakabéh urang Pasundan nu ti mana nu ti mana téh ari deuk marunggah haji téh jalanna ka Batawi.
0 komentar:
Posting Komentar