Selasa, 05 Februari 2019

PASUNDAN

Sajarah Propinsi Pasundan

(Dicutatat tina buku Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda karya almarhum Prof. Dr. H. Edi Suhardi Ekadjati)


Bentuk daérah administrasi pamaréntahan propinsi lahir dumasar kana gagasan ti Karajaan Walanda anu diucapkeun dina pidato Ratu Walanda tanggal 1 Januari 1900 yén, Dawuh Ratu, Karajaan Walanda baris ngagunakeun sistim deséntralisasi enggoning ngokolakeun pamaréntahan kolonial di Hindia Walanda (Indonésia ayeuna). Dina sistim pamaréntahan deséntralisasi pamaréntah daérah miboga hak pikeun ngatur tur ngawaragadan enggoning ngokolakeun pamaréntahan di daérahna sorangan.

Propinsi anu pangheulana diadegkeun téh nyaéta Provincie West Java nu ku urang pribumi, babakuna ku urang Sunda, sok disebut Propinsi Pasundan. Propinsi Pasundan diadegkeun dumasar kana aturan pamaréntah Hindia Walanda anu kaunggel dina Staatsblad (Lambaran N agara) taun 1925 nomer 378 tanggal 14 Agustus 1925.

Ari pangna disebut Propinsi Pasundan, ku lantaran kapan dina putusanana gé disebutkeun yén ngaran ieu propinsi téh bisa disebut Provincie West Java, jeung bisa ogé disebut Propinsi Pasundan. ”West Java, in inheemsche tulen aan te duiden als Pasoendan,” kitu antarana réngkolna dina putusanana téh. Kecap Provincie West Java dipaké ku urang Walanda boh dina caritaan sapopoé boh dina administrasi pamaréntahan kolonial Hindia Walanda anu mémang ngagunakeun basa Walanda. Ari kecap Propinsi Pasundan bisa jeung biasa dipaké ku urang pribumi, babakuna ku Urang Sunda dina basa Sunda.

Ieu propinsi resmi ngadeg ti mimiti 1 Januari 1926. Wewengkonna ngurung Propinsi Jawa Barat, Propinsi Banten, jeung Daérah Khusus Ibukota Jakarta Raya (DKI Jaya) ayeuna. Dina katangtuanana disebutkeun yén Propinsi Pasundan kalawan sah ngadeg ti mimiti tanggal 1 Januari 1926. Ditetepkeun deuih yén puseur dayeuh pamaréntahan Propinsi Pasundan téh Batavia (Jakarta ayeuna mah). Kantorna di Jakarta Kota nu ayeuna gedongna dipaké Museum Kota Jakarta, teu jauh ti setatsion karéta api Béos (Setatsion Kota). Kalang pamaréntahanana ngurung lima karesidénan, 18 kabupatén, jeung genep haminte kota, nya éta (1) Karesidénan Banten nu diwangun ku Kabupatén Sérang, Pandéglang, jeung Lebak, (2) Karesidénan Batavia anu diwangun ku Kabupatén Jakarta, Jatinegara, jeung Karawang, (3) Karesidénan Buitenzorg anu diwangun ku Kabupatén Bogor, Cianjur, jeung Sukabumi, (4) Karesidénan Priangan anu diwangun ku Kabupatén Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, jeung Ciamis, sarta (5) Karesidénan Cirebon nu diwangun ku Kabupatén Cirebon, Kuningan, Majalengka, jeung Indramayu.

Pamaréntahan di tingkat propinsi dijalankeun ku Gupernur babarengan jeung Déwan Propinsi. Déwan Propinsi ngawangun Badan Pamaréntah Sapopoé (College Gedepu teerden). Gupernur jadi ogé Ketua Déwan Propinsi. Tanggung jawab Gupernur diasongkeun ka Gupernur Jénderal. Jabatan Gupernur Pasundan munggaran dicangking ku W.P. Hillen (1926-1929), tangtuna gé bangsa Walanda. Anggota Déwan Propinsi munggaran aya 20 urang bangsa Walanda, 20 urang bangsa pribumi, jeung 5 urang bangsa deungeun Asia (Cina, Arab). Jumlah-jamléh 45 urang.
Nya ti harita (1 Januari 1926) di Tatar Sunda aya wewengkon administrasi pamaréntahan propinsi tepi ka taun 1942. Gupernur Propinsi Pasundan alam harita aya opatan, nya éta W.P. Hillen (1926-1929), J.B. Hartelust (1929-1931), C.A. Schmitzler (1931-1934), jeung L.G.C.H. van der Hoek (1934-1942).

Jaman pamaréntahan militér Jepang wewengkon administrasi pamaréntahan propinsi dileungitkeun, kakawasaanana ditaplokkeun ka wilayah administrasi karesidénan. Kukituna kakawasaan badan otonom karesidénan ngaronjat tur kalungguhan residénna dicekel ku militér Iepang. Aya genep karesidénan anu ngawengku pamaréntahan daérah di tanah Pasundan, nyaéta Banten, Jakarta, Bogor, Priangan, jeung Cirebon.

Ti jaman kamerdékaan (ti taun 1945) nepi ka ayeuna wilayah administrasi pamaréntahan propinsi diayakeun deui, sok sanajan bari kakawasaanana (wewenangna) robah-robah. Urut Propinsi Pasundan diadegkeun deui sacara resmi kalawan dingaranan Propinsi Jawa Barat dina tanggal 19 Agustus 1945. Ayana propinsi-propinsi sabagé daérah otonom di Indonésia dumasar kana hasil garapan Panitia Kecil ti Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI). Panitia Kecil diwangun ku R. Otto Iskandar di Nata, Subarjo, Sayuti Melik, Mr. Iwa Kusuma Sumantri, R.A.A. Wiranatakusumah, Dr. Amir, A.A. Hamidhan, Dr. Ratulangi, sareng I Ketut Puja. Rumusan ngeunaan pamaréntahan daérah kaunggel dina Pasa118 Undang-Undang Dasar 1945. Harita Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia mutuskeun pikeun ngadegkeun dalapan propinsi di Républik Indonésia minangka nu nyambungkeun pamaréntah puseur ka daérah-daérah sa-Indonésia. Nya Propinsi Jawa Barat salasahiji di antarana.
Pamaréntah Propinsi digandéng ku badan perwakilan rayat saheulaanan anu jenenganana Komite Nasional Indonésia Daérah (KNID). Harita puseur dayeuh Propinsi Jawa Barat angger di Jakarta, ngan ti mimiti bulan Désémber 1945 dipindahkeun ka Bandung. Gupernur Jawa Barat nu munggaran nyaéta M. Sutarjo Kartohadikusumo, nu munggaran ngalinggihan Gedong Pakuan ayeuna minangka tempat padumukan resmina.



Rahayu

0 komentar:

Posting Komentar

PUPUHU

Foto saya
Saya adalah Insan tani Karawang, yang tetap menjungjung Budaya Leluhur Sunda.