Ilustrasi (poto Masriah Nur Hidayat) |
Lahir di Nagri Singapura, hiji palabuan di basisir Cirebon, ramana Ki Gedeng Tapa, nu jadi sahbandar éta palabuan. Ari Ki Gedeng Tapa putra katilu Prabu Niskala Wastu Kancana ti Praméswari Mayangsari. Mangtaun-taun Nyi Subanglarang meunang didikan ngeunaan bagbagan Agama Islam ti Séh Ahmad, seuweuna Séh Hasanudin, nu neruskeun lacak kolotna ngasuh Pasantrén Pondok Kuro Karawang.
Di pasantrén mah Nyi Subanglarang kasebut santri pinunjul, pangpinterna jeung naon-naon nu diajarkeun ku guruna gampang nyerep katarimana. Komo deui dina palebah maca Qur'an, sorana nu halimpu ngagalindeng matak dédéngéeun saréréa. Ku kituna ku guruna dipikaasih pisan, malah geus bisa diandelkeun keur ngabantu nyebarkeun Agama Islam di Tatar Sunda.
Kungsi dina hiji mangsa ka pasantrén téh kadatangan hiji jalma nu ngaku Wasi (santri Agama Buda) ngaranna Rakéan Sunu, nu cenah manéhna téh keur ngulik bagbagan sakabéh agama nu aya di Pulo Jawa, kaasup Agama Islam. Seja ngalalana nambah luang bari nyamur dibarengan ku pangiring nu dibasakeun Paman Léngsér.
Séh Ahmad mercayakeun ka Nyi Subanglarang pikeun nyanghareupan éta jalma, nu ngaran sabenerna mah Pamanahrasa atawa Jayadewata; ari baturna nu ngiringkeun sabenerna Ki Purwakalih. Rakéan Sunu alias Pamanahrasa téh, nu tetep pageuh nyekel Purbatisti-Purbajati ageman Karuhun Sunda, engkéna bakal nyangking kakawasaan jadi Mahaprabu Pajajaran, kamashurkeun Prabu Siliwangi.
Mun seug aya anggitan kawas dina roman sajarah mah, padungdengan antara Nyi Subanglarang jeung Rakéan Sunu téh meureun kieu ngabalabarna: "Nyai téh seuweu hiji Prabu. Naha asup Islam téh karep Rama atawa karep sorangan?" Rakéan Sunu nanya. "Suwargi Aki Mahaprabu Wastukancana henteu nyarék ka kulawarga Kadaton Surawisésa nu asup Islam, kaasup Aki Haji Purwa Galuh…" témbal Nyai Subanglarang.
"Naon nu jadi pangjurung pangna Nyai asup Islam?"
"Mungguhing Gusti Alloh mah sakabéh manusa sarua, taya cacah taya ménak, ngan gumantung kana amal-amalanana!"
"Saha Gusti Alloh téh, Nyai?"
"Di urang mah disebutna Hyang Séda Niskala!"
"Naon bédana…?"
"Bisa jadi éta-éta kénéh, ngan béda sesebutanana!"
"Mun enya tétéla sarua naha Nyai milih Gusti Alloh batan Hyang Séda Niskala?"
"Tangtu aya leuwihna, Gusti Alloh ngawahyukeun firmana, ngaliwatan Malaikat Jibril, ka Kangjeng Rosul Agung Muhammad! Jéntré paréntahna, kaharti sarta lengkep dina ngatur kahirupan manusa, nu ngajanggélék dina Kitab Suci Al-Qur'an. Mun urang bisa ngajalankeun sakabéh paréntah Gusti Alloh, hartina urang bisa salamet dunya ahérat!" Nyi Subanglarang nyarita kalawan tandes.

Melengek jeung bingung Rakéan Sunu ngadéngé kekecapan Nyi Subanglarang, loba kecap nu teu pikahartieun. Ku Nyi Subanglarang kajudi. Nya diécéskeun kekecapan nu sakira teu kahartieun ku Rakéan Sunu. Pokna bari imut:
"Ambéh gampil kaharti urang néangan babandinganana jeung di urang. Wahyu téh méh sarua jeung wewengan, ngan datangna ti Gusti Alloh wungkul, ari wewengan mah ti saha baé. Firman mah paréntahna, mun di urang mah purbatisti-purbajati téa! Malaikat hésé babandinganana, kitu lah lir ibarat Sunan Ambu, Bujangga jeung para Pohaci. Rosul Agung Muhammad, komo ieu mah can kungsi aya pantaranana di urang mah. Hésé pisan babandinganana, sanajan aya nu disebut Sang Sadu Jati tapi jauh pisan mun dibandingkeun jeung kaluhungan Rosul Agung Muhammad. Kitab suci di urang mah Pustaka nu dianggap suci. Bédana pustaka di urang mah meunang ngimpleng manusa, ari Al-Qur'an mah éstuning firman-firman ti Gusti Alloh nu dicatet ku sobat-sobatna Rosul Agung. Salamet hartina waluya rahayu. Ahérat mun di urang mah Kahiyangan…" Rakéan Sunu ngan bati hookeun ngabandungan dadaran Nyai Subanglarang nu sakitu norolangna téh. Tétéla lain bantrak-bantrakeun méméh mumuluk, ceuk dina pikirna.

Rupa geulis bawa ngajadi, élmu pangaweruh punjul ti batur, pangabisa dina perkara quro mah can aya bandinganana. Teureuh atuh da seuweu Ki Gedeng Tapa, banda pakaya saha nu bisa mapakan ka putri raja basisir Singapura, palabuan pangraména di Tatar Sunda. Cindekna mah jadi béntang pasantrén nu pangméncrangna nu hésé kahontal ku para santri jeung jajaka nu miharep pangimeut ti Nyi Subanglarang. Satria mana nu bisa ngaduan? Hésé pikeun manggih nu nandinganana. Sanajan kitu aya kénéh arep-arepeun keur nu keukeuh, ngadu'a sugan baé ku Gusti Alloh diparengkeun ngajodo ka Nyi Subanglarang, sanajan bari teu walakaya.
Rakéan Sunu ari dina rupa jeung kewés mah aya harepan meunang pangimeutna, tapi jajauheun, masih kénéh jauh pisan…
Sanajan masih kénéh betah cicing di pasantrén, da kangaranan geus hatam téa ngajina, ongkoh geus sono ka kolot nu ampleng-amplengan mangkaning anak ngan hiji-hijina, Nyi Subanglarang nya mulang ka lemburna di Singapura. Ngan ukur nunda amanat ka Séh Ahmad, pangnepikeun ka nu gagah urang Sindangkasih, hampura teu bisa tepung heula, cenah.

Di Kadaton Singapura, Ki Gedeng Tapa ngayakeun sukuran, pédah nyi putri geus hatam ngaji sarta salamet datang ka imah. Acarana pangajian jeung quro dieusi ku pihak pribumi. Bubuhan di nu aya, nu diondang mangpirang-pirang, kaasup sobat-sobatna papada sodagar di palabuan jeung ti mancanagara nu keur balabuh di Singapura.
Kalawan tarapti sémah geus hémpak minuhan Balé Panglawungan. Awéwé jeung lalaki dariuk misah di lebah kénca-katuhuna.
Nyi Subanglarang kalayan ayem sarta teuneung maca Kitab Suci Al-Qur'an tina lambaran sutra Cina buatan Turki. Sora nu wening ngalanglawung minuhan Balé Panglawungan. Sora nu handap jeung nu metit katepi baé. Nu hadir batan hookeun bari kekecrék muji. Kabéh kasirep ku sora goib sanajan loba nu lain Islam. Anggeus maca Qur'an diteruskeun ku maparkeun hartina ayat-ayat Qur'an nu cikénéh dibaca nyaéta ayat kahiji nepi ka 25 tina surat ka-25 Al-Anbiya. Diteruskeun deui ku medar ngeunaan Agama Islam. Sora nu halon tapi ngoncrang, kadéngé kalawan jelas ku sakur nu aya, nu minuhan Balé Panglawungan. Rep jempé, taya saurang nu nyora, kataji kunu geulis keur biantara mertélakeun papagon hirup nurutkeun Agama Islam.
Réngsé sukuran Ki Gedeng Tapa paciweuh ngalayanan nu tatanya ngeunaan rupa-rupa hal nu patali jeung ageman anyar éta. Mimitina mah ngasongkeun patanya naon nu dikawihkeun ku Nyi Subanglarang téh. Ku Ki Gedeng Tapa diterangkeun éta téh lain kawih tapi quro, nyaéta maca Kitab Suci Qur'an. Terus ngarémbét kana patanya naon ari Qur'an téh jeung saterusna nepi ka Ki Gedeng Tapa ngarasa kawalahan keur pijawabeunana. Antukna disérénkeun ka Nyi Subanglarang pikeun ngajelaskeun sagala rupana. Ti harita loba nu harayang asup Islam utamana ti dulur-dulurna jeung babaturanana baheula mangsa keur budak. Nya ahirna Balé Panglawungan unggal tos solat Magrib dirobah jadi tempat pangajian.
Teu mangkuk lila ti harita Ki Gedeng Tapa ngarasa riweuh deui waé kudu mairan sémah nu daratang rék ngalamar. Utamana para sodagar boh ti Singapura, atawa ti mancanagara. Ki Gedeng Tapa katut prameswari bingung kumaha mairanana da si Nyai can aya karep boga salaki mangkaning nu ngalamar masih terus ngabrul.
Nyi Subanglarang teu téga mireng kolotna nandang kabingung, ahirna éléh déét daék kawin, ngan bari ngasongkeun tanjakan, pisalakieun kudu miboga pasaratan kieu:
Kahiji kudu clik putih clak hérang micinta, nu bisa ngajurung salamet dunya ahérat. Kadua kudu nyaah ka kulawarga. Katilu nu beunang diajak badami pikeun matéahkeun Islam di Tatar Sunda. Kaopat bisa méré turunan nu pinunjul. Kalima ulah nu leumpeuh yuni, héngkér; kudu lalaki langit lalanang jagat. Kagenep pisalakieun téh kudu pinter paripurna. Katujuh kudu nu bisa ngayunkeun kahayang saluhureun, bisa ngahayap ka sahandapeun.
"Tah mung sakitu, Ama. Mun Ama atawa Ambu manggihan lalaki sarupa kitu," ceuk Nyi Subanglarang, "tong isuk atawa diengké-engké, ayeuna gé ku kami dijieun salaki."

Saha lalakina atuh nu bisa kitu, Ki Gedeng Tapa ukur bisa papencrong-pencrong jeung pamajikanana.
Pamustunganana Ki Gedeng Tapa ngayakeun rempugan jeung Mangkubumi katut para gegedén lianna pikeun néangan jalan nu hade sangkan Nyi Subanglarang meunang pijodoeun nu sapagodos jeung udagan hirupna.
Nya ahirna diputuskeun rék diayakeun pasanggiri tarung satria marebutkeun Putri Subanglarang.
Dina geus prungna saembara, patandang nu unggul poé kahiji nyaéta Prabu Amuk Murugul, Raja Nagri Japura (di wewengkon Cirebon kénéh), ngalawan patandang nu unggul dina poé kadua nyaéta Rakéan Keukeumbingan, jalma diréka lestreng goreng rupa, caludih jeung kuleuheu pikageuleuheun. Bari pépéyékéhan jeung cengar-cengir badis monyét manéhna nangtang Prabu Amuk Murugul nu gagah-rosa dina tandang panganggeusan malah mun bisa mah anggeus-anggeusan.
Nyi Subanglarang ngajerit, terus kapiuhan basa mireng Prabu Amuk Murugul diéléhkeun ku jalma rewag-rewig pikagilaeun téh. Saréréa pada reuwas jeung ngarasa keuheul nyaksian kaayaan kitu téh, kaasup Ki Gedeng Tapa jeung prameswari. Teu nyangka bakal kitu pamustunganana. Pasanggiri dimeunangkeun ku jalma kurang saeundan. Buru-buru Nyi Putri digotong terus dibawa ka jero kadaton.
Rakéan Keukeumbingan kalah ajrét-ajrétan jeung igel-igelan di luhur panggung, persis jalma nu teu jejeg. Mangkubumi ambek kaliwat saking terus maréntahkeun ka para ponggawa sangkan nyerek nu keur ngéngklak luhur panggung. Ngan sagebragan para ponggawa ngajaloprak taya nu mingé. Keur kitu gajleng hiji aki-aki muru Rakéan Keukeumbingan terus ngaguyur sirah nu keur ngéngklak ku cai tina lodong nu dibawa. Sapada harita les kapaéhan, terus dipanggul dibawa turun. Bari pupuntenan manéhna muru jamban di jero kadaton, sup jeprét dikonci ti jero…
Kira-kira geus sapanyeupahan, dua jalma ting kurunyung kaluar ti jamban. Geus salin rupa jeung salin baju maké papakéan somah biasa nu dibawa ku si Aki dina karéndongna.
"Ki Sunu!!" Nyi Subanglarang nu karék mimiti éling ngajerit deui barang mireungeuh maranéhna, terus ngulapés. Nu araya ukur ngarembang kadu pacampur jeung reuwas bari teu ngarti kana naon nu geus kajadian.
Kawasna geus cunduk kana waktu datang mangsana Rakéan Keukeumbingan jeung baturna bruk-brak muka rusiahna, ditembrakkeun sagalana taya nu disumput-salindungkeun deui.
Diterangkeun yén manéhna nu ngaku ngaran Rakéan Sunu atawa Rakéan Keukeumbingan téh sabenerna mah Pamanah Rasa, anak Dewa Niskala Prabu Anom di Karajaan Sunda Galuh. Ayeuna matuh di Sindangkasih jeung pamajikanana nu ngaran Nyi Ambetkasih, masih numpang di mitoha, malah geus diangkat jadi Prabu Anom Sindangkasih. Ari ka Ki Gedeng Tapa pernah paman, nya tangtu Nyi Subanglarang téh kapiadina. Ngadéngé kitu jujutanna mah atuh saréréa pada bungah, tali duduluran geus pasambung, nu atah anjang geus patepang.

Béja pabéja-béja, nya béja nepi ka panganjrekanana Prabu Amuk Murugul. Ratu Japura reuwas, saharita dangdan saged rék muru ka Kadaton Singapura. Para pangagungna ngahalang-halang, sok sieun aya naon-naon jeung bisi tambah kaéraan. Sang Prabu teu nolih kana panyaram, malah ngajak saréréa sangkan marilu.
Geus anjog sup ka Kadaton. Bari ngabedega manéhna nanya mana nu ngaran Pamanah Rasa. Sanggeus dituduhkeun, ari gantawang téh, "Héy, Pamanah Rasa! Mun kitu mah manéh téh adi kami, pan kami téh seuweu Prabu Susuk Tunggal!"
Saréréa pada kagét deui baé, teu disangka bakal kitu jadina. Pamanah Rasa buru-buru nyampeurkeun bari tungkul terus nyembah ka Prabu Amuk Murugul. Kitu deui Prabu Amuk Murugul sujud nyembah ka Ki Gedeng Tapa. Ahirna saréréa pada ngarasa bungah sarta silih ngacapkeun kasono.
Satuluyna Pamanah Rasa ngajurungan Paman Léngsér nu ngaran sabenerna mah Ki Purwakalih, indit ka Sindangkasih nepungan mitohana Sang Prabu jeung Nyi Ambetkasih, ménta panyaluyuan pikeun kawin jeung Nyi Subanglarang. Kalawan alesan ngaraketkeun duduluran jeung ngarepkeun turunan nu bakal neruskeun lacak kolotna, nya saréréa nyaluyuan kana maksud Pamanah Rasa. Ngajodo ka Pamanahrasa alias Jayadewata nepi ka manjing jadi Prameswarina Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi, Nyi Subanglarang geus napak dina galur kahirupan nu nyambuangkeun wawangian kaislaman di lingkungan kadaton Pajajaran, di sajeroning ngabantu nyebarkeun syi'ar Islam di Tatar Sunda. Tapi nu panggedéna ajén jasana mah nyaéta ku geus hasilna ngatik-ngadidik tilu palaputrana di jero kadaton nu méh sakabéhna masih ngagem agama heubeul. Tilu putra nu nyekel ageman sakumaha ageman ibuna, nyaéta nu kahiji Pangéran Walangsungsang, kadua Nyi Ratu Mas Rara Santang, jeung nu bungsu Pangéran Raja Sangara.
Éta tilu putra seuweu Siliwangi ti Nyi Subanglarang téh geus ngabaktikeun dirina séwang-séwangan dina sapanjang usiana pikeun kalancaran da'wah Islam di Tatar Sunda.
Lemah Sagandu
0 komentar:
Posting Komentar